Isuk pageto moal sarua jeung poe ayeuna. BBM kalah kumaha oge naek hargana da harga di dunya oge nerekel terus nu ceuk Kang Goldman Sach na sajeroning 24 bulan bisa nagog na $200 sa barrelna. Ayeuna bae nagog dina $120an geus oyag-oyagan. Kuring percaya pamarentah nangtukeun pilihan (opsi) nu pang hadena najan pasti pait. Teori, praktis, simulasi geus pasti dideres ku nu ahli2na, tinggal kumaha nyanghareupanana dina prak-prakanana. Mugi urang masih kandel jujurna. Mun enya loba nu miskin atuh laporanana kudu bener ulah mipinding kulantaran gengsi. Oge ulah jadi laletoy nu masih ajeg der ngaraku miskin. Ke matak paciweuh dina alokasi subsidi (duit, sandang pangan, kasehatan, atikan). Urang tingkatkeun kasadaran jeung solidaritas sosial. Gogorowokan di jalan, nyarita ngabusa di parlemen, di media oge bisa, tapi ceuk kuring mah mending tempo we tatangga jeung dulur2 nu deukeut mun bisa bantu bantuan. Keur mah deuih di Jabar-Banten teh masih aya kantong2 kamiskinan, action we lah ulah ujug2 jadi "mewakili" tuluy nungtut2. Lieur lah Rek kritis? Mangga we talungtik jeung neang solusi manajemen paminyakan di urang ti produksi nepi ka distribusi. Rek praktis? Urang biasakeun hidup basajan, hemat... Rek apatis? Eta mah kumaha karep Rek pundung ka pamarentah? Wilujeng pundung we he...he.... cag ah JP Makarya Mawa Raharja

