Enya, kuduna mah BBM teh ulah disubsidi ti baheula keneh ...hehehehe. Lamun teu disubsidi mah, harga BBM naek-turun ge jadi biasa, pangaruhna kana harga barang nu sejen ge moal siga ayeuna, nu acan oge BBM naek, harga-harga barang sejen geus miheulaan naek, padahal sabaraha persen sih pangaruh BBM kana produksi hiji barang?. Kaduana lamun ti baheula BBM teu disubsidi, sarerea jadi kalatih, kalatih teu boros kana BBM. Nu rek meuli mobil atawa motor mikir heula, kamodalan moal BBMna.
Pait memang, tapi dalah rek dikumahakeun deui da dina hiji waktu mah minyak teh bakal beak. Duka marake naon jalma di jaman kahareup lamun indit-inditan. Sigana mah balik deui kana ....... kuda! Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: H Surtiwa Tah leres..lolobana urang kaasup mahasiswa..jeung LSM raresep janen pahlawan kasiangan...Cobi tong sambarangan..nahan subsid teh ngabahayakeun ekonomi nagara...kumaha..sok analisa ku nyalira...Anu anehna..tos aya fakta sareng data anu jelas yen ngan 20% eta disubsidi dinikmatan ku golongan rakyat cacah kaasup anu nganggo motor...mobil butut..kandaraan umum..taxi (lain keur rakyat cacah da mahal)....sedengkeun anu 80% mah dinikmatan kunu baleunghar anu boga mobil

