> From: H Surtiwa > Bener..bener prihatin...tah anu sok ngagum2 urang Arab teh ...kumaha > komentarna kana nu kieu...hoyong terang.....Sigana > ari jelema syarap mah aya dimamana nya ? Kumaha kaum fundamentalis Islam > anu aya di Indo rek naggapan anu kieu.? > Ah..meueun eta urang Arab teh keur hilaf.......
Bah, tadi peuting kuring nempo acara Telisik di ANTV nu nyaritakeun TKW nu asalna ti Indramayu. Pas ngawawancara TKW nu kungsi di Arab Saudi jeung di Taiwan, si mantan TKW teh nyebutkeun leuwih ngeunah digawe di Taiwan tinimbang di Arab Saudi mah. "Harrrr ....????? Naha teu tibalik?", gerentes hate kuring teh. Baktos, WALUYA

