Punten meni asa kataji yeuh....

Keun weh mempeung si kuring nuju ngumbara didieu, sanajan ka itung
kurung batokeun susuganan weh..susuganan J

Data-data jeung komentar ti bah Willy oge sadayana, kuring nga
'amin'-keun pisan, da atuh kacida bener jeung akuratna.

Ku kuring urang tata'an perkara pasifatan jalma urang Arab (Saudi), keun
weh nya masing teu lengkep oge da emang rumasa rada kurung batokeun tea.

 

Ari urang arab (Saudi hususna) kawentar jelemana pok torolong taya
engab-engab boga wiwaha dina nganteur budaya, atuh patojaiyah mun
dibandingkeun jeung budaya katimuran siga di urang mah.

Dina palebah ngobrol, saliwatan siga nu keur pasea najan urang jauh bisa
kadenge, ngan hanjakal teu kaharti heuheu...

Perkara eta tina pangaruh embe atawa onta, ah kuring mah teu pati
eces...kunaon maranehna siga kitu.

Tapi anu jelasmah ceuk kuring, ieu pasipatan kaasup siloka "uyah moal
tees ka luhur"-ceunah, mereun mana kitu oge karuhunna kararitu.

 

Kuring remen nyaksian, bujeng-bujeng ka badega, dalah ka anak sorangan
pama murugul bandel da teu asa-asa indung bapana teh maen gebot, jeung
anu matak ngarenghap jero hate kuring pama nyaksian anu nyiksa
anak-anakna palebah sirah, ceuli, tepika budak leutik teh ngabangkieung
ditungtunan ku koceakna jeritan eta barudak, pamohalan atuh keur
kuringmah ngan bisa colohok ningali "budaya" siga kieu teh, heeuh ku
kuring dianggap we budaya da asa mindeng pisan ningali pamandangan siga
kieu teh (ceuk hate, ari hayang ningali awewe arab, ari prak ngadon
ningali nu kieu heuheu, apanan awewe arab mah di tutupan bengeutna..)

 

Kaitanna jeung urusan TKW, tah didieu aya point anu saeutikna kudu di
talungtik. Bener, ceuk komentar teu sakabeh arab goreng patut oge teu
sakabeh arab alus, eta oge luyu diterapkeun ka sakumna jalma di dunya
ieu.

Ngan lamun ngomongkeun perkara naha asa loba pisan kajadian katugenah di
Saudi? Ari ceuk kuringmah jawabanna nya relatip pisan, mun nyalahkeun
proses hukum di Saudi, mangga bae da kuring ge satuju pisan kana
kateuadilan mah, kudu di berantas tuntas. Tapi oge urang ulah mengpeun
sabeulah. Da ceunah ari sagala lakulampah mah di itungna ku perkara
sabab jeung akibat. Moal aya haseup mun eweuh seneu.

Di hiji pihak, remen kabejakeun TKW di rogahala, tapi lamun urang
nalungtik deui jeroanana perkara ieu disarupakeun jeung nete taraje
nincak hambalan, sok remen oge kasus ieu antukna  malindes ka diri
sorangan!!

 

Ayeuna anu kasebut TKW teh lolobana ti maranehna anu didasaran ku
pendidikan rendah, malahan mah aya oge anu teu nyabak sakola-sakola
acan, bujeng-bujeng bisa ngitung dalah maca oge apan ngabigeug, dina
passport ngan cukup ku ningali bengeut manehna dina foto geus bungangang
kacida, apan ieu teh kaasup 'disaster' ceuk kuring mah, sabatae atuh
bujeng bujeng batur, dalah urang ge apanan kadang song nguntab amarah
mun sagala kahayang urang teu nyambung, katambah deuih badega teh ngadon
ngadatangan jalma anu boga pasipatan keras, palebah dieu mah teu kudu
dibejerbeaskeun deui. Apan ka budak sorangan oge geus ganggas, komo ka
badega mereun....

 

Atuh mun kieu saha nu salah? Ceuk kuring mah bisa wae kabehanana, nya si
Arab na, nya si badegana, anu utamana ceuk kuringmah tah si agen anu
nyalurkeun jalma anu teu berpendidikan, jalma atah. Anu aya dina prinsip
gawe maranehna (si agen) nya eweuh deui iwal ti money oriented tea, teu
paduli jalma cacah guricakan, jalma teu nyakola, nu penting kanggo
marantenna mah artos.

Ari ceuk pangakuan maranehna (para TKW) asa leuwih ngeunah gawe di luar
arab, cik urang tanyaan kumaha proses penyaluran maranehna, sugan di
milis ieu aya nu bisa nerangkeun, da ceuk anggapan kuring mah (ieu ceuk
anggapan, can tangtu bener) ari TKW anu ka luar arab mah asa rada
'intens' mereun di didikna samemeh di iangkeun ka nagara tujuan,
pangpangna era mereun ari ka nagara luar arab mah, atawa ari ka luar
arab mah agenna geus gede jeung resmi. Wallahu a'lam palebah dieu mah...

 

Pernah kuring seuri ngadenge hiji TKI (supir) anu nyarita kieu, "urang
Indonesia mah sanajan ngan ukur apal alfathihah pasti asup surga euy,
urang dieu mah (arab) sanajan apal alqur'an sakabehna oge can tangtu
asup surga", heuheuheu...

Jero hate kuring, ieu budak teh mereun kacida ambekna ka dununganna,
dumeh unggal poe di carekan wae J...

 

Kumaha atuh lamun dibandingkeun jeung TK Philippine misalna? Balik deui
kana urusan -kepengurusan &penyaluran- tea, kuring bener-bener kataji ku
maranehna, heeuh eta oge boga payung hukum ti nagarana, tapi sacara
individu oge da urang maranehna mah estu memuaskan, tidak meragukan,
bener-bener jadi pegawai anu terdidik, jadi perawat terdidik, jadi guru
terdidik oge jadi badega terdidik, kukituna asa alanglangka aya kasus
siga anu nimpa urang Indonesia. Ku ayana terididik eta apan bisa ngabela
diri...alewoh mun can nyaho, teu eraan... nu kieu yeuh anu kesebut
jelema handal teh.

 

Buktina, ayeuna kuring jeung batur salembur ngumbara didieu, apanan
tibatan maranehna nyiksa kuring ngadon kuring anu mepeg hulu maranehna,
asa ku puas hate mun geus ngajejeleh maranehna. Di lemburmah biasa nepak
mastaka domba, ari didieu mah apan tiasa nepak hulu jalma heuheu...
didieu yeuh letakna nungkulan cara (treatment) teh....

 

Ngan punten yeuh, rada mengkol sakedik.... Hiji-hijina anu kuring rada
ngagulkeun urang arab, nyaeta perkara ibadahna. Keun weh aya nu ngomong
ari ibadah mah kudu saluyu jeung kalakuan, etamah balik deui weh ka
luhur. Ngan ieumah dina perkara ngalaksanakeun kawajiban, maranehna estu
satuhu pisan, masjid tara lowong siga di urang, tiap dur adzan murudul
kalaluar ti imah sewang-sewangan, asa ku endah kacida, toko tarutup
salama shalat sanajan eta toko di eusian ku pagawe non Islam.

Ari di urang, jelema lolobana "balener", ngan saeutik hanjakalna, dimana
cunduk waktu shalat, jongjon anu nyupiran angkot, jongjon anu balanja di
mall, jongjon anu nyanghareupan internet atawa di kantor, ceuk basa,
Allah mah Maha Hampura ke sakedeung deui shalat mah, ceunah.... Nya teu
kabeh atuh J....

 

Ari harepan kuringmah, hayu atuh urang adumaniskeun antara kahadean
katimuran urang jeung perkara ibadahna, endah kacida mereun gegeden anu
dijas jeung di dasi baris sa shaf jeung office boy, tukang macul jrrd
babarengan ngucap asma Allah Ta'ala dina gerakan anu sarwa khusyu',
mudah mudahan juragan....amin...

 

 

 

 

 

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Waluya
Sent: Thursday, May 22, 2008 10:54 AM
To: [EMAIL PROTECTED]; [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Kalakuan anu "beunghar"

 

> From: H Surtiwa
> Bener..bener prihatin...tah anu sok ngagum2 urang Arab teh ...kumaha 
> komentarna kana nu kieu...hoyong terang.....Sigana
> ari jelema syarap mah aya dimamana nya ? Kumaha kaum fundamentalis
Islam 
> anu aya di Indo rek naggapan anu kieu.?
> Ah..meueun eta urang Arab teh keur hilaf.......

Bah, tadi peuting kuring nempo acara Telisik di ANTV nu nyaritakeun TKW
nu 
asalna ti Indramayu. Pas ngawawancara TKW nu kungsi di Arab Saudi jeung
di 
Taiwan, si mantan TKW teh nyebutkeun leuwih ngeunah digawe di Taiwan 
tinimbang di Arab Saudi mah.

"Harrrr ....????? Naha teu tibalik?", gerentes hate kuring teh.

Baktos,
WALUYA 

 

__________ NOD32 3123 (20080522) Information __________

This message was checked by NOD32 antivirus system.
http://www.eset.com



-----------------------------------------
This e-mail (including any file attachment) contains confidential
information and/or may also be legally privileged. It is intended
solely for the use of the named addressees and any unauthorized
dissemination or use by any other person or entity is strictly
prohibited. If you are not the intended recipient you should not
transmit, copy, print, disclose or otherwise make use of and/or
place any reliance on this e-mail and its contents. If you have
received this e-mail in error, you should immediately notify the
sender by return e-mail and delete all copies from your system. The
views, opinion or advice as may be contained herein are those of
the sending individual and do not necessary represent that of SABIC
or bind SABIC. E-mails can be corrupted, altered or falsified and
SABIC shall not be liable for any alteration or falsification on
this e-mail.

Kirim email ke