Kang Tirta, anak kuring boga kucing bikang, diaranan si Fiona. bulan2 kamari si Fiona anakan ngajuruna dina tempat suni. Geus kitu anakna teh dipunduh-pindah wae ka tempat sejen, siga neangan tempat anu aman keur anakna. Kuring nengetan kalakuan ucing ieu. Sihoreng manehna munduh-mindah anakna teh lamun tempat anakna kapanggih ku ucing jalu nu sok kukulamprengan ka imah kuring. Naha si Fiona sieuneun anakna kapanggih ku ucing jalu? Ras inget film documenter dina TV nu kungsi nempokeun kumaha singa jalu bisa ngarogahala anak singa lain turunana. Ceuk narator ieu film, singa jalu boga kecenderungan hayang gen manehna wungkul nu diturunkeun, jadi lamun aya anak singa tinu sejen, kudu dipaehan, supaya indungna siap dikawin. Ucing "dulur"na singa, kalakuanana siga mah teu pati jauh. Jadi "survival for fittest" tiasa ditempo dina lingkungan nu teu jauh ti urang!
Baktos, WALUYA [Nu salah nyokot sakola, minatna kana biologi] > From: Jalak Pakuan Cenah di amrik mah esensi teori kang Darwin nu diala sanes masalah asal usul jelema nu dina buku SMA mah ti nu ngadaplok jadi ajeg nepi ka jadi jelema, tapi Survival for the Fittest, sing saha nu pang kuatna eta nu terus lumangsung. Dina dunya usaha mah kang Darwin teh diterapkeun na konteks sagala usaha eta keur anjeun sorangan jeung moal dikiruhan ku babaturan atawa batur nu kurang mampu (kapabilitas) jeung kurang keyeng (komitmen). Matak persaingan, adu panco aya nu eleh aya nu meunang biasa bae. Nu kawentar Amrik mah taneuh harepan, taneuh impian, bonanza. Sing saha nu keyeng kana niat, gawe tekun bisa diwujudkeun kahayangna. Dikucek2 ku kang Trump bisa jadi eksekutip pausahaan, dikucek2 kang Simon bisa jadi American Idol. Aplikasi teori Kang Darwin tangtos aya sisi positip oge aya sisi negatipna.

