> kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> jadi, nyandung teh geus aya ti dituna atuh nya, Bah... heuheuh...

Huss ...jadi lumpat kadinya. Tapi bener ketah, salah sahiji kunaon 
kuring anti-nyandung, nya ku alesan ieu. Manusa kunu Allah swt 
dibedakeun tina sato, ku dibere akal-budi. Ku akal-budina manusa bisa 
atawa ngurangan efek tina "seleksi alam". Nu leuleus, "nu eleh", "nu 
tanpadaksa/ cacad",  jeung "kaum pecundang" sejenna ku akal-budi 
manusa masih bisa "survive" beda jeung di dunya sato, "kaum pecundang" 
teu dibere kasempetan deui, wayahna kudu daek disingkirkeun.

Ku nengetan alam, ku macaan soal teori evolusi, keur kuring malah 
beuki ngadeukeutkeun kanu MAHA KAWASA. Beuki sadar sanajan fisik 
manusa ampir sarua jeung monyet, tapi aya nu ngabedakeun nyaeta AKAL 
BUDINA, anugrah tinu MAHA KAWASA ......

baktos,
WALUYA
[Lain keur Dakwah ...hehehehe]

Kirim email ke