Upami teu lepat mah kalakuan singa jeung jalu kitu teh ka sakabeh anakna,
lain ukur ka anak singa ti jalu nu sejen. Komo singa mah, da biasana
ngagorombol loba bikang diluluguan ku hiji jalu. Ucing ge kitu, mun we
bilatungna kapanggih ku nu jalu tanpa dijaga ku indungna, nggeus we... Hal
ieu asana henteu pas pami dilarapkeun kana *survival for the fittest*, da
eta mah ego jaluna we... heuheuheuh...

On Wed, May 28, 2008 at 9:21 PM, Waluya wrote:

>   Kang Tirta, anak kuring boga kucing bikang, diaranan si Fiona. bulan2
> kamari
> si Fiona anakan ngajuruna dina tempat suni. Geus kitu anakna teh
> dipunduh-pindah wae ka tempat sejen, siga neangan tempat anu aman keur
> anakna. Kuring nengetan kalakuan ucing ieu. Sihoreng manehna munduh-mindah
> anakna teh lamun tempat anakna kapanggih ku ucing jalu nu sok kukulamprengan
>
> ka imah kuring. Naha si Fiona sieuneun anakna kapanggih ku ucing jalu? Ras
> inget film documenter dina TV nu kungsi nempokeun kumaha singa jalu bisa
> ngarogahala anak singa lain turunana. Ceuk narator ieu film, singa jalu
> boga
> kecenderungan hayang gen manehna wungkul nu diturunkeun, jadi lamun aya
> anak singa tinu sejen, kudu dipaehan, supaya indungna siap dikawin. Ucing
> "dulur"na singa, kalakuanana siga mah teu pati jauh. Jadi "survival for
> fittest" tiasa ditempo dina lingkungan nu teu jauh ti urang!
>

Kirim email ke