Enya tiap manusia dibere akal. Tapi masalahna akal eta, diunggal manusa beda-beda kualitas jeung kuantitasna gumantung kana cara dipake atawa diasahna.
Jadi teu sadaya 'kaharti ku akal' hiji manusa, kaharti oge ku 'akal' manusa sejen, sabab beda inditna, latarna, sakolana, lingkunganana, orientasi, kaci oge disebut, daharna, heuheu, jsb. Cara ayeuna, soal naekna BBM, pasti ku sawareh mah, kaharti ku akal, boh make logika minyak dunya naek hargana, apbn, ekonomi, jsb, tapi cek sawareh mah keukeuh teu asup akal. Heuheu. Di urang aya paribasa, mun teu ngakal moal ngakeul. Harti akal ieu upaya atawa usaha. Usaha kaasup sagala rupa tarekah boh uteuk boh prak. Diakalan, ditarekahan sangkan bisa.

