Dian Nugraha:
> Perkawis anu diserat ku kang Gusaeni, "Dinu kamungkinan ka hiji
> urang arab (lain saurang dua urang) teu bisa nyambut ka tangtangan
> Alloh, jadi asup akal lamun Muhammad anu sorangan tangtu moal bisa."
> Diwalerna teh, yen kangjeng Nabi Muhammad sanaos 'ummiy, nanging
> anjeunna teh pinter kacida. Janten anu nangtang urang Arab teh sanes
> Alloh, nanging kangjeng Nabi nyalira.
gusaeni :
Nabi Muhammad Ummi (teu tiasa baca tulis), tiasa nyiptakeun karya anu
sakitu agungna. Jaman harita loba urang arab anu pinter baca jeung
nulis tapi teu bisa nyieun kitab anu samodel Al-quran. Jadi  teu
mungkin lamun Al-quran jieunan Muhammad.

 Dian Nugraha:
> Nalika disebatkeun ayat Qur'an, "upama Qur'an lain ti Alloh, tangtu
> maraneh bakal nimu pacegcogan di jerona". Aya ateis anu ngawaler,
> "Einstein oge mampu nuliskeun tiori-tiori anu konsisten hiji jeung
> nu lian, konsisten oge jeung fenomena alam, boh nu kapanggih ayeuna,
> boh nu kabuktikeun sanggeusna. Naha Einstein kenging wahyu ti Alloh?
gusaeni :
Elmu pangaweruh mangrupakeun kateraturan alam anu kapanggih, saha wae
bisa manggihan.
Conto: lamun newton teu manggihan gravitasi, pasti aya jelema sejen nu
manggihan.
Wahyu asalna di pencipta anu teu bisa ditarima ku sagawayah jalma,
wahyu ngajelaskeun sagala hal.
Einstein ngan ukur ahli fisika, teu faham kabeh bidang kahirupan.

Dian Nugraha:
> Teras aya hiji deui kamungkinan, yen
> 4. Qur'an teh cutatan sareng robihan tina kitab sanes (Bibel sareng Talmud).
>  Pedah dina sajarahna kangjeng Nabi Muhammad teh saurang padagang
> anu sok ka mana mendi dagangna. Kukituna seueur kontak sareng
> ngobrol sareng pendeta-pendeta nasrani, oge kaum Yahudi. Anjeunna
> janten sok nguping cariosan pendeta sareng kaum Yahudi. Cariosan
> pendeta-pendeta ieu diemutan deui ku kangjeng Nabi, anu henteu
> luyu/teu konsisten dilelempeng, teras dikedalkeun mangrupi Qur'an.
gusaeni :
Jawaban sami sareng jawaban nu awal.
Tambihan, Al-Quran disebatkeun panyampurna kitab-kitab samemehna, jadi
hal anu wajar upami dina Al-Quran aya ajaran nu asalna tina
kitab-kitab samemehna. Namina panyampurna aya nu masih dianggo,
ditambih oge dileungitkeun.

 Dian Nugraha:
> Patarosan-patarosan sanesna anu nyusul
> - kumaha ngabuktoskeun yen wahyu turun ngaliwatan Jibril?
> - kumaha ngabuktoskeun yen isra-mi'raj teh kajadian?
> - jrrd.
gusaeni :
Ieu hal-hal anu dikhabarkeun dina Al-Quran, asal sumberna leres maka
eta pasti leres.

Dian Nugraha:
> Sadayana, ari katingal ti luaran mah kedalna mung ti kangjeng Nabi
> Muhammad nyalira. Anapon sahabat sareng nu sanesna (anu ariman),
> henteu nyaksian langsung, iwal ti percanten/iman kana cariosan kangjeng Nabi.
gusaeni :
Upami urang tos yakin ka hiji jalmi, pasti urang bakal percaya ka
sagala anu dibewarakeun ku eta jalmi.
Pon kitu oge para sahabat, kusabab tos yakin Nabi Muhammad teh nabi
(tangtosna aya buktos-buktosna, sanes yakin wungkul), nya teu aya alesan keur 
maranehna teu
percanten kana sagala anu dibewarakeun ku Muhammad.
>  
> Salam,
> Dian.

wasalah
-gusaeni-




Kirim email ke