Ke ke ke ke... rada menarik yeuh ieu topik teh.
ngiring nimbrung ah...

kuring manjangkeun argumen kang/teh gusaeni we ah...

Katangkep ku kuring mah maksad kang/teh gusaeni teh
yen iman ka Al-Quran teh kudu make akal...tong taqlid
buta ka kolot atawa guru ngaji. bener atuh ari eta
mah...satuju pisan....

Mun urang geus ngabuktikeun yen Al-Quran teh lain
karangan Nabi Muhammad atawa karangan jelema, euweuh
lain salian ti Allah SWT ku jalan berpikir kawas
kang/teh gusaeni pernah di tulis, nya kabeh berarti
geus puguh kebenaranana, kawas Isra Mi'raj da geus
dicaritakeun dina Al-Quran, oge ayana Malaikat nu teu
bisa ditempo da gaib kitu deui jin, kiamat kubro,
jeung sajabana.

Teu kudu paamprok jonghok  jeung Kanjeng Nabi Muhammad
SAW  jang ngayakinkeun jeung ngaimankeun Rukun2 Iman.
Toh... Al-Quran geus kabuktian Firman Allah SWT. Nya
ngabuktikeuna tong ceuk beja atuh...buktikeun ku
sorangan we da moal hese. Asal niat...
kecuali aya nu bisa ngabuktikeun yen Al-Quran lain
Firman Allah SWT. Cing saha nu bisa? (bari seuri jero
hate).

Alah da biasana mah moal pararuas mun berargumen dinu
email mah deuih, jeung biasana sok tara tararepi
maksud2 na teh. mending paamprok jonghok diskusi agama
mah lah... 

HIDUP HBH !!!!! geura jadikeun lah... mudah2an kuring
diundang yeuh...jeung bisa ngahadiran deuih hehehe...

Baktos
Tessar


--- diantn <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> --- In [email protected], gusaeni
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > gusaeni :
> > Nabi Muhammad Ummi (teu tiasa baca tulis), tiasa
> nyiptakeun karya anu
> > sakitu agungna. Jaman harita loba urang arab anu
> pinter baca jeung
> > nulis tapi teu bisa nyieun kitab anu samodel
> Al-quran. Jadi  teu
> > mungkin lamun Al-quran jieunan Muhammad.
> > 
> 
> DN:
> Baca tulis mung salah sahiji sarana komunikasi, tapi
> sanes 100% janten
> ukuran kapinteran. Para pamingpin, padagang,
> pangusaha, jsb. biasana
> henteu baca tulis ku nyalira, nanging sok
> diserahkeun ka nu babantu.
> Sanes lantaran aranjeunna bodo, nanging henteu
> nyempetkeun waktos
> kanggo diajarna. 
> 
> > gusaeni:
> > Wahyu asalna di pencipta anu teu bisa ditarima ku
> sagawayah jalma,
> > wahyu ngajelaskeun sagala hal.
> 
> DN:
> Henteu sadaya dina wahyu ngajelaskeun sagala hal.
> Mung anu poko anu
> dijelaskeun ku wahyu. Anu sanesna mah nurutan conto
> Nabi atanapi kedah
> diturunkeun ku akal urang (ijtihad).
> 
> > gusaeni :
> > Ieu hal-hal anu dikhabarkeun dina Al-Quran, asal
> sumberna leres maka
> > eta pasti leres.
> >
> > Upami urang tos yakin ka hiji jalmi, pasti urang
> bakal percaya ka
> > sagala anu dibewarakeun ku eta jalmi.
> > Pon kitu oge para sahabat, kusabab tos yakin Nabi
> Muhammad teh nabi
> > (tangtosna aya buktos-buktosna, sanes yakin
> wungkul), nya teu aya
> alesan keur maranehna teu
> > percanten kana sagala anu dibewarakeun ku
> Muhammad.
> 
> DN:
> Tah, janten numutkeun kang Gusaeni koncina dina
> percaya ka Nabi
> Muhammad, kitu? Lamun ayeuna misalna ku urang
> disebatkeun nabi
> Muhammad kagungan mu'jizat anu-anu, kumaha carana
> jalmi anu ayeuna
> percaya ka urang padahal urang nyalira henteu tiasa
> pendak sareng nabi
> Muhammad?
> 
> Upami disebatkeun urang kenging ti jalma sateuacan
> urang (guru, kolot,
> ustadz), hartosna bukti anu nyata teh mangrupa
> kasaksian.
> 
> Wassalaam,
> Dian.
> 
> 
> 



      

Kirim email ke