--- In [email protected], gusaeni <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> gusaeni :
> Nabi Muhammad Ummi (teu tiasa baca tulis), tiasa nyiptakeun karya anu
> sakitu agungna. Jaman harita loba urang arab anu pinter baca jeung
> nulis tapi teu bisa nyieun kitab anu samodel Al-quran. Jadi  teu
> mungkin lamun Al-quran jieunan Muhammad.
> 

DN:
Baca tulis mung salah sahiji sarana komunikasi, tapi sanes 100% janten
ukuran kapinteran. Para pamingpin, padagang, pangusaha, jsb. biasana
henteu baca tulis ku nyalira, nanging sok diserahkeun ka nu babantu.
Sanes lantaran aranjeunna bodo, nanging henteu nyempetkeun waktos
kanggo diajarna. 

> gusaeni:
> Wahyu asalna di pencipta anu teu bisa ditarima ku sagawayah jalma,
> wahyu ngajelaskeun sagala hal.

DN:
Henteu sadaya dina wahyu ngajelaskeun sagala hal. Mung anu poko anu
dijelaskeun ku wahyu. Anu sanesna mah nurutan conto Nabi atanapi kedah
diturunkeun ku akal urang (ijtihad).

> gusaeni :
> Ieu hal-hal anu dikhabarkeun dina Al-Quran, asal sumberna leres maka
> eta pasti leres.
>
> Upami urang tos yakin ka hiji jalmi, pasti urang bakal percaya ka
> sagala anu dibewarakeun ku eta jalmi.
> Pon kitu oge para sahabat, kusabab tos yakin Nabi Muhammad teh nabi
> (tangtosna aya buktos-buktosna, sanes yakin wungkul), nya teu aya
alesan keur maranehna teu
> percanten kana sagala anu dibewarakeun ku Muhammad.

DN:
Tah, janten numutkeun kang Gusaeni koncina dina percaya ka Nabi
Muhammad, kitu? Lamun ayeuna misalna ku urang disebatkeun nabi
Muhammad kagungan mu'jizat anu-anu, kumaha carana jalmi anu ayeuna
percaya ka urang padahal urang nyalira henteu tiasa pendak sareng nabi
Muhammad?

Upami disebatkeun urang kenging ti jalma sateuacan urang (guru, kolot,
ustadz), hartosna bukti anu nyata teh mangrupa kasaksian.

Wassalaam,
Dian.


Kirim email ke