Pun tabe pun, Sampurasun kidulur Sunda dimana bae
ayana.
Di tatar Sunda loba situs-situs kapurbakalaan nu
kurang diajenan ku pamarentah, nyatana situs-situs nu
aya di wewengkon Pasireurih-Sindangbarang Bogor can
kabejakeun dipalire ku nagara/pamarentah, pon kitu
deui di wewengkon karawang kaler, oge situs
Karangkamulyan-Ciamis. Didieu simkuring rek ngumaha ka
dulur perkara Situs Karangkamulyaan.
Di Situs Karangkamulyaan aya hiji tempat nu disebut
Batu Pangcalikan nu basa taun 80-an katukang mah eta
batu teh disaungan tur dikonci, dijaga ku kuncen. Tah
dina taun 90an (persisna poho deui), eta saung ngadon
dibongkar ku Bale Kapurbakalaan Lampung_Jabar nu
kantorna di Serang. Atuh eta batu pangcalikan jadi
kabuka nembrak kahujanan-kapanasan nu balukarna eta
batu jadi robah jadi peang, ningal kaayaan kitu ku
kuncen terus ditutupan ku plastik jeung kaen. Harita
barang rombongan warga didikan Mama Mei, kadinya bet
asa diteunteuinganan, nya terus badami jeung kuncen
(pa Endan) nu ahirna dipaheutkeun rek ngahaja
nyumbangkeun waragad pikeun ngawangun tiung keur
ngahalangan sangkan batu teu kapanasan-kahujanan,
sabab eta batu teh lain jenis batu granit, jigana mah
batu hasil sedimentasi (duka ketang kang Oman pasti
apal) nu ngabogaan pori-pori nu lamun
kahujanan-kaibunan tangtu nyerep kana batu, terus
kapanasan nu tangtu tereh koropokna jeung pinasti
lila-lila bakal ancurna.
Kumaha tanggapan di Bale Kapurbakalaan. Eeeh .... teu
kungsi sataun kalahka datang surat tegoran jeung
ancaman dituduh majar geus ngalanggar UU
kapurbakalaan, jeung bisa ditungtut panjara. Padahal
teu ngarobah nanaon ngan ukur nyieun hateup jeung
tihang kai. Harita simkuring sabatur-batur geus
siap-siap neangan pikeun nu ngabela. Bale
kapurbakalaan teu jadi nungtut, ngan eta tiung
dibongkar deui, atuh batuna jadi nembrak deui
kahujanan-kapanasan, nya ku pa Endan terus ditutupan
ku kaen jeung plastik bungkus jok
Alesan pang dibongkar cenah aya laporan masarakat nu
teu panuju, sabab bakal nyuburkeun kamusyrikan
beu.......????.
Tah poe ieu kuring nampa beja, pa Endan nelepon ka
rorompok nu narima indung budak, nyaeta ngumaha pedah
kadatangan rombongan nu dipupuhuan ku ngaran Zakaria
(urang Sulawesi) ti Bale Kapurbakalaan Serang,
ngabejakeun yen eta Batu Pangcalikan rek dibongkar
dipindahkeun/disumputkeun ka ruang informasi, alesanna
angger sabab sok loba wae jalma nu ngadatangan eta
batu migawe KAMUSYRIKAN.
Di wewengkon situs Karangkamulyaan aya deui tempat
situs mangrupa batu, nyaeta batu Sangiyang Bedil jeung
batu Panyangcangan Kuda, nu oge tempatna nembrak pisan
teu kahalangan mun rek diruksak. Buktina eta batu
Sanghiyang Bedil nu mangrupa batu buleun panjang jiga
meriem leutik ukuran panjang kurang leuwih 1,5 meter,
kiwari geus teu aya dikieuna, sabab cenah ceuk kuncen
kungsi aya jalma nu ngahaja datang kadinya ngadon
ngabeubeutkeun eta batu nepi ka ancurna, sabab eta
lambang kamusrikan cenah. Tah sok sanajan bejana eta
jalma ukur popoean ti harita terus tiwas teu pupuguh,
tapi nyatana batu mah teu bisa ngawujud deui,
sedengkeun batu Panyangcangan Kuda kiwari aya keneh,
ngan tempatna teu kajaga (teu dipager) jeung nyingkur
arah ka pamandian Cikahuripan. Kacida riskanna, sabab
mun aya jalma niat ngaruksak kalayan teu kanyahoan,
gampang pisan.
Palebeh dieu hemeng, kula teu ngarti :
1. Kunaon eta Bale Kapurbakalaan bangun nu teu reueus
ka situs karangkamulyaan, malahan katara pisan aya
maksud teu hadena.
2. Naha bet diskriminasi, ari situs-situs di
Ciaruteun, Batutulis Bogor, situs-situs di Kawali
ngahaja ditiungan jeung dipager, sedengkeun nu di
karangkamulyaan geus ditiungan ge ngadon dibongkar,
malah batu pangcalikanna e rek dibongkar, alesan
sumber kamusyrikan. Naon bedana jeung situs nu lian?
Beu.............
3. Bale Kapurbakalaan Serang (pupuhuna?) geus ingkar
tina amanah pikeun ngajaga, ngariksa, jeung miara
situs karangkamulyan, sedengkeun eta situs milik geus
jadi milik nagara/bangsa nu dipikareueus ku urang
sunda jeung sabagean urang bali jeung jawa nu geus
apal kana jati dirina.
4. Lamun diantep eta maksud Bale Kapurbakalaan
(Zakaria) pikeun ngabongkar/ ngangkat eta batu
pangcalikan, rek kumaha pertanggungjawaban urang ka
dulur-dulur atawa anak incu urang nu nyukcruk
luluhurna, bisa-bisa urang sunda nu aya di tatar sunda
disalahkeun teu bisa ngajaga eta situs. Komo deui
upama ngabandungan di trowulan kamari, teu saeutik
urang Bali jeung rang Jawa nu ngaraku masih teureuh ti
Galuh
5. Sok sanajan Zakaria teh boga tanggungjawab
kapurbakalaan di wewengkon Sunda, kulantaran manehna
mah urang Sulawesi (Makasar?), tangtu moal kajiwaan
yen eta batu lain sabatu-batuna, tapi simbol
eksistensi luluhur sunda. Zakaria pasti teu boga
kareueus ka luluhur urang Sunda, matak asa sangeunahna
rek mindahkeun atawa nyumputkeun eta batu pangcalikan.
Tah urang nu ngarasa seuweu-siwi Sunda/Galuh, naha rek
ngantep diacak-acak ku deungeun, jiga nu euweuh ajen
urang sunda teh. (punten lain propokasi, tapi wajar
kan kuring keuheul ka jalma nu samena-mena, rasa aing
boga jabatan, nganggap luluhur sunda euweuh ajenna)
6. Nu jadi alesan angger cenah keur nyegah
kamusyrikan. Naha bisa naon eta jalma pikeun
ngarahkeun atawa ngahalangan kayakinan jalma lian, oge
lamun eta batu dianggap sumber kamusyrikan, naon
bedana jeung batu-batu lianna nu aya di Arab, di
Palestina, di Vatikan, jeung sajabana nu oge
mangrupakeun simbol jeung bukti sajarah nu pada
ngajugjug, pada hayang deuheus, nu ku sareat mah sarua
bae dipupusti ku nu percayaeun. Padahal lain kitu pan
hakekatna mah.
Tah ayeuna pangna diwawarkeun dina ieu milist teh,
seja rek neang batur pakumaha ka dulur-dulur nu masih
mikareueus mikaheman ka luluhur sorangan, naha rek
diantep, atawa moal, naha daek diacak-acak deungeun.
Mun moal diantep urang rek kumaha? Kumaha lamun urang
atas nama urang Sunda rame-rame nyieun petisi atawa
naon bae ngaranna nu ditujukeun ka Menteri Kebudayaan
jeung Pariwisata up. Direktorat Kepurbakalaan, sangkan
pamarentah mulasara eta tempat sakumaha mistina,
dijaga jeung diamankeun kalestariannana, tapi teu
ngahalangan ka sing saha bae nu rek ngadeuheusan ka
eta situs. Tah kumaha kidulur?, khususna ka ambu nu
kaleresan oge aya di instansi nu sapayung dina widang
kapurbakalaan, kumaha tah hadena ambu?
Pun sakitu bae heula. Cag,
Baktos nun,
pun Engkus tea.