satuju.....!! geus waktuna sunda hudang!!!
gelarkeun petisi,pikuen ngukuhkeun jati diri sunda.
hayuu...urang sunda,nu ngarasa urang sunda.ulah daek
jadi kekesed bangsa dengeun wae...
ngaraku-ngaku mah bangsa sunda,tapi kalakuan jeung
sikap patojaiah. lamun cek kuring maga kang...!
bangsa sunda teh
umumna,nyiduhan,ngiihan(kencing)bengeut
sorangan.kunaon kitu?..
pikir wae..ku balarea kabeh,da geus karolot
iyeuh...meuren bisa ngabedakeun mana nu aing? mana nu
dengeun?
cag.
--- engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Pun tabe pun, Sampurasun kidulur Sunda dimana bae
> ayana.
> Di tatar Sunda loba situs-situs kapurbakalaan nu
> kurang diajenan ku pamarentah, nyatana situs-situs
> nu
> aya di wewengkon Pasireurih-Sindangbarang Bogor can
> kabejakeun dipalire ku nagara/pamarentah, pon kitu
> deui di wewengkon karawang kaler, oge situs
> Karangkamulyan-Ciamis. Didieu simkuring rek ngumaha
> ka
> dulur perkara Situs Karangkamulyaan.
> Di Situs Karangkamulyaan aya hiji tempat nu disebut
> Batu Pangcalikan nu basa taun 80-an katukang mah
> eta
> batu teh disaungan tur dikonci, dijaga ku kuncen.
> Tah
> dina taun 90an (persisna poho deui), eta saung
> ngadon
> dibongkar ku Bale Kapurbakalaan Lampung_Jabar nu
> kantorna di Serang. Atuh eta batu pangcalikan jadi
> kabuka nembrak kahujanan-kapanasan nu balukarna eta
> batu jadi robah jadi peang, ningal kaayaan kitu ku
> kuncen terus ditutupan ku plastik jeung kaen. Harita
> barang rombongan warga didikan Mama Mei, kadinya bet
> asa diteunteuinganan, nya terus badami jeung kuncen
> (pa Endan) nu ahirna dipaheutkeun rek ngahaja
> nyumbangkeun waragad pikeun ngawangun tiung keur
> ngahalangan sangkan batu teu kapanasan-kahujanan,
> sabab eta batu teh lain jenis batu granit, jigana
> mah
> batu hasil sedimentasi (duka ketang kang Oman pasti
> apal) nu ngabogaan pori-pori nu lamun
> kahujanan-kaibunan tangtu nyerep kana batu, terus
> kapanasan nu tangtu tereh koropokna jeung pinasti
> lila-lila bakal ancurna.
> Kumaha tanggapan di Bale Kapurbakalaan. Eeeh ....
> teu
> kungsi sataun kalahka datang surat tegoran jeung
> ancaman dituduh majar geus ngalanggar UU
> kapurbakalaan, jeung bisa ditungtut panjara. Padahal
> teu ngarobah nanaon ngan ukur nyieun hateup jeung
> tihang kai. Harita simkuring sabatur-batur geus
> siap-siap neangan pikeun nu ngabela. Bale
> kapurbakalaan teu jadi nungtut, ngan eta tiung
> dibongkar deui, atuh batuna jadi nembrak deui
> kahujanan-kapanasan, nya ku pa Endan terus ditutupan
> ku kaen jeung plastik bungkus jok
> Alesan pang dibongkar cenah aya laporan masarakat nu
> teu panuju, sabab bakal nyuburkeun kamusyrikan
> beu.......????.
> Tah poe ieu kuring nampa beja, pa Endan nelepon ka
> rorompok nu narima indung budak, nyaeta ngumaha
> pedah
> kadatangan rombongan nu dipupuhuan ku ngaran Zakaria
> (urang Sulawesi) ti Bale Kapurbakalaan Serang,
> ngabejakeun yen eta Batu Pangcalikan rek dibongkar
> dipindahkeun/disumputkeun ka ruang informasi,
> alesanna
> angger sabab sok loba wae jalma nu ngadatangan eta
> batu migawe KAMUSYRIKAN.
> Di wewengkon situs Karangkamulyaan aya deui tempat
> situs mangrupa batu, nyaeta batu Sangiyang Bedil
> jeung
> batu Panyangcangan Kuda, nu oge tempatna nembrak
> pisan
> teu kahalangan mun rek diruksak. Buktina eta batu
> Sanghiyang Bedil nu mangrupa batu buleun panjang
> jiga
> meriem leutik ukuran panjang kurang leuwih 1,5
> meter,
> kiwari geus teu aya dikieuna, sabab cenah ceuk
> kuncen
> kungsi aya jalma nu ngahaja datang kadinya ngadon
> ngabeubeutkeun eta batu nepi ka ancurna, sabab eta
> lambang kamusrikan cenah. Tah sok sanajan bejana eta
> jalma ukur popoean ti harita terus tiwas teu
> pupuguh,
> tapi nyatana batu mah teu bisa ngawujud deui,
> sedengkeun batu Panyangcangan Kuda kiwari aya keneh,
> ngan tempatna teu kajaga (teu dipager) jeung
> nyingkur
> arah ka pamandian Cikahuripan. Kacida riskanna,
> sabab
> mun aya jalma niat ngaruksak kalayan teu kanyahoan,
> gampang pisan.
> Palebeh dieu hemeng, kula teu ngarti :
> 1. Kunaon eta Bale Kapurbakalaan bangun nu teu
> reueus
> ka situs karangkamulyaan, malahan katara pisan aya
> maksud teu hadena.
> 2. Naha bet diskriminasi, ari situs-situs di
> Ciaruteun, Batutulis Bogor, situs-situs di Kawali
> ngahaja ditiungan jeung dipager, sedengkeun nu di
> karangkamulyaan geus ditiungan ge ngadon dibongkar,
> malah batu pangcalikanna e rek dibongkar, alesan
> sumber kamusyrikan. Naon bedana jeung situs nu lian?
> Beu.............
> 3. Bale Kapurbakalaan Serang (pupuhuna?) geus
> ingkar
> tina amanah pikeun ngajaga, ngariksa, jeung miara
> situs karangkamulyan, sedengkeun eta situs milik
> geus
> jadi milik nagara/bangsa nu dipikareueus ku urang
> sunda jeung sabagean urang bali jeung jawa nu geus
> apal kana jati dirina.
> 4. Lamun diantep eta maksud Bale Kapurbakalaan
> (Zakaria) pikeun ngabongkar/ ngangkat eta batu
> pangcalikan, rek kumaha pertanggungjawaban urang ka
> dulur-dulur atawa anak incu urang nu nyukcruk
> luluhurna, bisa-bisa urang sunda nu aya di tatar
> sunda
> disalahkeun teu bisa ngajaga eta situs. Komo deui
> upama ngabandungan di trowulan kamari, teu saeutik
> urang Bali jeung rang Jawa nu ngaraku masih teureuh
> ti
> Galuh
> 5. Sok sanajan Zakaria teh boga tanggungjawab
> kapurbakalaan di wewengkon Sunda, kulantaran manehna
> mah urang Sulawesi (Makasar?), tangtu moal kajiwaan
> yen eta batu lain sabatu-batuna, tapi simbol
> eksistensi luluhur sunda. Zakaria pasti teu boga
> kareueus ka luluhur urang Sunda, matak asa
> sangeunahna
> rek mindahkeun atawa nyumputkeun eta batu
> pangcalikan.
> Tah urang nu ngarasa seuweu-siwi Sunda/Galuh, naha
> rek
> ngantep diacak-acak ku deungeun, jiga nu euweuh
> ajen
> urang sunda teh. (punten lain propokasi, tapi wajar
> kan kuring keuheul ka jalma nu samena-mena, rasa
> aing
> boga jabatan, nganggap luluhur sunda euweuh ajenna)
> 6. Nu jadi alesan angger cenah keur nyegah
> kamusyrikan. Naha bisa naon eta jalma pikeun
> ngarahkeun atawa ngahalangan kayakinan jalma lian,
> oge
> lamun eta batu dianggap sumber kamusyrikan, naon
> bedana jeung batu-batu lianna nu aya di Arab, di
> Palestina, di Vatikan, jeung sajabana nu oge
> mangrupakeun simbol jeung bukti sajarah nu pada
> ngajugjug, pada hayang deuheus, nu ku sareat mah
> sarua
> bae dipupusti ku nu percayaeun. Padahal lain kitu
> pan
> hakekatna mah.
>
> Tah ayeuna pangna diwawarkeun dina ieu milist teh,
> seja rek neang batur pakumaha ka dulur-dulur nu
> masih
> mikareueus mikaheman ka luluhur sorangan, naha rek
> diantep, atawa moal, naha daek diacak-acak deungeun.
> Mun moal diantep urang rek kumaha? Kumaha lamun
> urang
> atas nama urang Sunda rame-rame nyieun petisi atawa
> naon bae ngaranna nu ditujukeun ka Menteri
> Kebudayaan
> jeung Pariwisata up. Direktorat Kepurbakalaan,
> sangkan
> pamarentah mulasara eta tempat sakumaha mistina,
> dijaga jeung diamankeun kalestariannana, tapi teu
> ngahalangan ka sing saha bae nu rek ngadeuheusan ka
> eta situs. Tah kumaha kidulur?, khususna ka ambu nu
> kaleresan oge aya di instansi nu sapayung dina
> widang
> kapurbakalaan, kumaha tah hadena ambu?
>
> Pun sakitu bae heula. Cag,
>
> Baktos nun,
> pun Engkus tea.
>
>
>
>
>