> engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tah poe ieu kuring nampa beja, pa Endan nelepon ka > rorompok nu narima indung budak, nyaeta ngumaha pedah > kadatangan rombongan nu dipupuhuan ku ngaran Zakaria > (urang Sulawesi) ti Bale Kapurbakalaan Serang, > ngabejakeun yen eta "Batu Pangcalikan rek dibongkar > dipindahkeun/disumputkeun ka ruang informasi, alesanna > angger sabab sok loba wae jalma nu ngadatangan eta > batu migawe "KAMUSYRIKAN".
Naha leres eta teh dugi ka kitu Kang Engkus? Beu ... dongeng lanceuk kuring perkara pasesaan purbakala di Puncak Gunung Tampomas diawut- awut ku alesan dipake "Kamusrikan" sigana bener. Tadina mah kuring teu percaya saeutik-eutik acan, tepi ka pasengor-sengor jeung kilanceuk. Ari kuduna mah teu kudu tepi ka kitu, ari rek ngandelkeun kaimanan dina Islam mah. Eta pasesaan purbakala paninggalan luluhur urang. Penting kudu dilestarikeun sabab, 1. Masih aya nu percaya kana eta paninggalan. Lamun dirusak ieu hartina teu ngahargaan kana kapercayaan batur. Ngukur batur ku ukuran diri sorangan, Lir ibarat dina ngukur panjang, maksa kudu make ukuran "meter" padahal aya oge ukuran make "inci" .... 2. Kapentingan elmu pangaweruh. Ceuk cenah elmu pangaweruh nu nyababkeun manusa ayeuna budayana maju dibandingkeun jeung baheula. Tapi di urang loba nu teu sadar, majuna budaya (HP, Internet jrrd) sabenerna dimimitian ku sikep "hayang nyaho", hiji prinsip penting dina elmu pangaweruh. Ari ieu bet obyek2 "hayang nyaho"na dirarusak? Cenah hayang aya urang Indonesia meunang Nobel, wah ari galagatna siga kieu mah, baroraah da sikep "hayang nyaho"na dipaehan .... Baktos, WALUYA

