Leres kang, bilih hoyong langkung jentre, mangga
kontak ka pak Endan (kuncen Karang kamulyan) di
0813-20148292. Situs Sahiyang bedil kuring nyaksian
ayeuna tos teu aya batu panjangna, soal nyiun tiung
tipayun, simkuring sawarga-warga nu ngawaragadan. Tah
ayeuna soal rek disingkirkeun, langsung laporan ti pa
kuncen anu seja ngumaha da manehna mah ngarasa teu
walakaya.
Nuhun.
--- waluya2006 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Tah poe ieu kuring nampa beja, pa Endan nelepon ka
> > rorompok nu narima indung budak, nyaeta ngumaha
> pedah
> > kadatangan rombongan nu dipupuhuan ku ngaran
> Zakaria
> > (urang Sulawesi) ti Bale Kapurbakalaan Serang,
> > ngabejakeun yen eta "Batu Pangcalikan rek
> dibongkar
> > dipindahkeun/disumputkeun ka ruang informasi,
> alesanna
> > angger sabab sok loba wae jalma nu ngadatangan eta
> > batu migawe "KAMUSYRIKAN".
>
> Naha leres eta teh dugi ka kitu Kang Engkus? Beu ...
> dongeng lanceuk
> kuring perkara pasesaan purbakala di Puncak Gunung
> Tampomas diawut-
> awut ku alesan dipake "Kamusrikan" sigana bener.
> Tadina mah kuring
> teu percaya saeutik-eutik acan, tepi ka
> pasengor-sengor jeung
> kilanceuk.
>
> Ari kuduna mah teu kudu tepi ka kitu, ari rek
> ngandelkeun kaimanan
> dina Islam mah. Eta pasesaan purbakala paninggalan
> luluhur urang.
> Penting kudu dilestarikeun sabab,
>
> 1. Masih aya nu percaya kana eta paninggalan. Lamun
> dirusak ieu
> hartina teu ngahargaan kana kapercayaan batur.
> Ngukur batur ku
> ukuran diri sorangan, Lir ibarat dina ngukur
> panjang, maksa kudu
> make ukuran "meter" padahal aya oge ukuran make
> "inci" ....
>
> 2. Kapentingan elmu pangaweruh. Ceuk cenah elmu
> pangaweruh nu
> nyababkeun manusa ayeuna budayana maju dibandingkeun
> jeung baheula.
> Tapi di urang loba nu teu sadar, majuna budaya (HP,
> Internet jrrd)
> sabenerna dimimitian ku sikep "hayang nyaho", hiji
> prinsip penting
> dina elmu pangaweruh. Ari ieu bet obyek2 "hayang
> nyaho"na dirarusak?
>
> Cenah hayang aya urang Indonesia meunang Nobel, wah
> ari galagatna
> siga kieu mah, baroraah da sikep "hayang nyaho"na
> dipaehan ....
>
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>