Tadi sore cenah, di Monas aya kagiatan lahirna Pancasila (1 Juni). Aya kolompok nu ngiluan nu meperjuangkeun kabebasan beragama di Indonesia. Eh ari pek teh diserebu ku FPI terus digebugan. Aya 12 urang nu dibawa ka Rumah Sakit. Cek dina detikcom, salah saurang nu digebugan teh Kiai Maman*). Kiai Maman tepi ka kapaehan. Oge kabejakeun Mohammad Guntur Romli nu tulisanana loba nyebar di Internet. Gus Dur oge ampir-ampiran da arek datang, untung ditelepon ku istrina.
Anehna pulisi ngantep, cenah alesanna tinimbang "memperkeruh suasana". Alah .... kumaha ieu teh Pa Pulisi, nu digebugan ku FPI teh Kiai, nu sarua boga massa. Komo lamun tepi ka Gus Dur dirogahala mah bisa-bisa awut-awutan ieu nagara, sabab masa pendukungna lain saeutik, jutaan. Kumaha lamun ngamuk? Atawa ngahaja kitu supaya soal BBM repeh? Teuing atuh, beuki teu ngarti kuring mah ieu nagara rek dibawa kamana .... *) Di daerah Jatiwangi Majalengka aya Kiai kasohor, namina Kiai Maman. Ngora keneh, kuring kungsi ngadengekeun khotbahna basa adi kuring arek naek Haji. Khotbahna sae matak "tiis ceuli herang mata". Naha Kiai Maman anu ieu kitu? Baktos, WALUYA [Hayang pindah nagara euy .....]

