Astagfirullahal 'adziim...
maenya ah...aya ku kituna? kawas lain ka dulur wae
atuh.
matak pipilueun indung budak wae...
kuring mah mbung pindah nagara tapi hayang ngarobah
ieu nagara lah....sareukseuk...
tos lami teu ngiring nimbrung yeuh, Kang W! kumaha
damang...?
baktos
Tessar
--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tadi sore cenah, di Monas aya kagiatan lahirna
> Pancasila (1 Juni). Aya
> kolompok nu ngiluan nu meperjuangkeun kabebasan
> beragama di Indonesia. Eh
> ari pek teh diserebu ku FPI terus digebugan. Aya 12
> urang nu dibawa ka Rumah
> Sakit. Cek dina detikcom, salah saurang nu digebugan
> teh Kiai Maman*). Kiai
> Maman tepi ka kapaehan. Oge kabejakeun Mohammad
> Guntur Romli nu tulisanana
> loba nyebar di Internet. Gus Dur oge ampir-ampiran
> da arek datang, untung
> ditelepon ku istrina.
>
> Anehna pulisi ngantep, cenah alesanna tinimbang
> "memperkeruh suasana". Alah
> .... kumaha ieu teh Pa Pulisi, nu digebugan ku FPI
> teh Kiai, nu sarua boga
> massa. Komo lamun tepi ka Gus Dur dirogahala mah
> bisa-bisa awut-awutan ieu
> nagara, sabab masa pendukungna lain saeutik, jutaan.
> Kumaha lamun ngamuk?
>
> Atawa ngahaja kitu supaya soal BBM repeh? Teuing
> atuh, beuki teu ngarti
> kuring mah ieu nagara rek dibawa kamana ....
>
> *) Di daerah Jatiwangi Majalengka aya Kiai kasohor,
> namina Kiai Maman.
> Ngora keneh, kuring kungsi ngadengekeun khotbahna
> basa adi kuring arek naek
> Haji. Khotbahna sae matak "tiis ceuli herang mata".
> Naha Kiai Maman anu ieu
> kitu?
>
> Baktos,
> WALUYA
> [Hayang pindah nagara euy .....]
>
>