Kamungkinan asal muasal Al-Quran aya 3 : 1. Al-Quran jieunan urang arab, sabab bahasana arab jeung turun diarab.
2. Al-Quran Jieunan Muhammad, sabab manehna nu mamawa Quran 3. Al-Quran bener-bener ti Alloh. Aya kamungkinan nu sanes ?? 1. Pamaggih anu nyebutkeun Al-Quran Jieunan urang arab ieu pamanggih anu salah, naha ? Sabab Al-Quran nangtang bangsa arab keur nyieun tandingan Al-Quran : Dina surat Hud ayat 13 : "Omongkeun : datangkeun 10 surat anu bisa nyaruaan Al-Quran" Dina Surat Yunus ayat 38 : "omongkeun:(Lamun bener anu anjeun omongkeun), coba datangkeun hiji surat wae anu sarupa" Tah urang arab dugi ka ayeuna teu bisa nyambut kana tangtangan eta, hartina pamanggih yen Al-Quran jieunan urang arab katolak. Asup akal sabab urang arab teu bisa nyieun kita anu samodel Quran. 2. Pamanggih anu nyebutkeun Quran jieunan muhammad oge salah, naha ? Sajenius-jeniusna Muhammad, manehna tetep urang arab. Dinu kamungkinan ka hiji urang arab (lain saurang dua urang) teu bisa nyambut ka tangtangan Alloh, jadi asup akal lamun Muhammad anu Sorangan tangtu moal bisa. 3. Tah tinggal kamungkinan ka tilu, yen Al-Quran ti Alloh. Tah ieu nu bener, lamun lain ti urang arab, lain ti Muhammad, nya timana deui eta Al-Quran Ari lain ti Alloh. Alloh ngajangjikeun keur ngajaga kamurnian Al-Quran tepi ka Ahir jaman, ieu kabuktian nepi ka ayeu Al-Quran teu aya parobahan, eusina tetep sarua. Sok sanajan kelompok beda-beda, bisa Sunni, Syi'ah, NU, Muhammadiyah jeung nu sejena, eusi Al-Quran-na sarua. Beda jeung agama nu sejen. Ieu beuki nguatkeun yen Quran bener-bener ti Alloh. Lamun urang geus ngabuktikeun ku jalan kieu, Insya Alloh kaimanan urang ka Al-Quran sanes kaimana nu dipaksakeun(Dogmatis). Tapi kaimanan anu tos bisa dibuktoskeun Tuesday, June 3, 2008, 4:43:31 AM, you wrote: > Aya tilu kalimah dina seratan kang Gusaeni: > 1. surga, naraka, malaikat, mu'jizat, eta sadayana diterangkeun dina Qur'an > 2. al-qur'an datangna ti Alloh > 3. anu datang ti Alloh pasti bener, mustahil salah. > > Kalimah ka-1 tiasa dibuktikeun leres. > Kalimah ka-3 mangrupi definisi. Definisi mah pasti tur kedah leres. > Tah kantun kalimah ka-2. Wireh abdi matuh (samentawis) di nagara > Kaler, seueur ateis anu nanya, "kumaha ngabuktikeun Al-Qur'an datangna ti > Alloh sacara ilmiah?" > > Wassalaam, > Dian.

