Leres, MH 
Ni "lung leng" ngabandungan milis teh* 
ning mairan nu ieu ah* 
nu hampang jeung nu lucu (baca : yang ringan dan yang lucu)* heheh.
 
Emut basa HBH di Jatinangor (baca meh gaya : Jatinenjer hihih*) 2007 kamari. 
Waktos bade amitan, pendak sareng Kang Deni Suwarja nu buit Garut tea, 
nyayandak keresek bari nawiskeun,"Bade Burayot?".
 
Walah? (tarang rada kerung jeung hayang seuri) Katuangan naon eta teh? (bari 
panangan mah ngarongkong kana lebet keresek).  Aeh, geuning wangunna di hiji 
sisi peyot, di hiji sisi deui semu buleud? Ah, panginten kaimpleng ku baraya 
ge, kumaha ari nu ngaburayot? Contona, orok dina aisan pan sok ngaburayot? 
Kaemut ku abdi mah, jigana waktos ngadamelna dibuleud-buleud, digoreng janten 
malalendung. Tos tiis meotan, tah, janten weh jiga ngaburayot.  
 
Diraosan* mmmmmmm* asa-asa apal rasa kieu teh* tapi naon nya? Ali Agrem! Emut 
ka uwa abdi di lembur sok pirajeunan ngadamel Ali Agrem. Wangunna jiga donat 
mini tapi teuas da didamel tina beas.  Raos, amis pelem* komo ngaleueutna 
disarengan ku ci enteh haneut* nu cur roth* 
 
Katuangan tradisional murah meriah sapertos kieu kedah dimumule, da wayah 
kiwari mah kawon ku katuangan bule sabangsaning donat, berger, setik srrd nu 
matak ngondang pipanyakiteun pangpangnamah panyakit Kanker alias Kantong Kering 
tea*heheh.
 
salam,
ro2.


>>> [EMAIL PROTECTED] 06/03/08 05:25PM >>>
Baraya, apal kana "burayot"? atawa sok nga-burayot. Hehehe
Ieu aya artikel, pikeun reureuh sakeudeung, nu keur rame padungdeng
rupa-rupa kajadian di lembur.

salam,
mh

Kirim email ke