Burayot mah adi lanceuk ka Cuhcur
sami sami teu bolong
beda sakedik bentuk na
burayot ge rada teuas jeung garing
upami cuhcur baseuh
bahan na tina beas sareng gula beureum
dicampur adonanna
upami ali agrem eta nu kulawarga donat
bahan na tina ketan hideung
dibanjur ku cai gula beureum teras di tiriskeun
ali agrem mah kapi emang ka gemblong
ngan gemblong mah ketan bodas jeung teu bolong
jadiiii ........ lamun ceuk Darwin tea mah
burayot jeung ali agrem mah masih aya "missing link-na"
istilana mah burayot erectus masih jauh jeung ali agrem mojokertensis
tapi sarua engkena bakal jadi donat sapiensis [donat eusi sapi tea ..]
leuuuh ...............
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres, MH
Ni lung leng ngabandungan milis teh
ning mairan nu ieu ah
nu hampang jeung nu lucu (baca : yang ringan dan yang lucu)
heheh.
Emut basa HBH di Jatinangor (baca meh gaya : Jatinenjer hihih
) 2007 kamari.
Waktos bade amitan, pendak sareng Kang Deni Suwarja nu buit Garut tea,
nyayandak keresek bari nawiskeun,Bade Burayot?.
Walah? (tarang rada kerung jeung hayang seuri) Katuangan naon eta teh? (bari
panangan mah ngarongkong kana lebet keresek). Aeh, geuning wangunna di hiji
sisi peyot, di hiji sisi deui semu buleud? Ah, panginten kaimpleng ku baraya
ge, kumaha ari nu ngaburayot? Contona, orok dina aisan pan sok ngaburayot?
Kaemut ku abdi mah, jigana waktos ngadamelna dibuleud-buleud, digoreng janten
malalendung. Tos tiis meotan, tah, janten weh jiga ngaburayot.
Diraosan
mmmmmmm
asa-asa apal rasa kieu teh
tapi naon nya? Ali Agrem! Emut
ka uwa abdi di lembur sok pirajeunan ngadamel Ali Agrem. Wangunna jiga donat
mini tapi teuas da didamel tina beas. Raos, amis pelem
komo ngaleueutna
disarengan ku ci enteh haneut
nu cur roth
Katuangan tradisional murah meriah sapertos kieu kedah dimumule, da wayah
kiwari mah kawon ku katuangan bule sabangsaning donat, berger, setik srrd nu
matak ngondang pipanyakiteun pangpangnamah panyakit Kanker alias Kantong
Kering tea
heheh.
salam,
ro2.
>>> [EMAIL PROTECTED] 06/03/08 05:25PM >>>
Baraya, apal kana "burayot"? atawa sok nga-burayot. Hehehe
Ieu aya artikel, pikeun reureuh sakeudeung, nu keur rame padungdeng
rupa-rupa kajadian di lembur.
salam,
mh
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com