basa dimana nya disuguhan kue burayot teh.. hilap deui eung...!!
basa di kopdar sareng teh lilies kitu...??
asana mah nu mawana oge kang deny van keresk harita teh...

ngan pedah we basa ditawaran teh hoream rek nyokotna,
da dina bentukna oge teu pikabitaeun,
teu siga berger, donat, stik, crispy, jsb....
tapi bakat ku panasaran.. ahirna dicobaan oge,
harrr... geuning ari tos dicobaan mah,
teu weleh...!! celebek deui... celebek deui... hihihi...

Panzi

>
> Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             Leres, MH
>   Ni “lung leng” ngabandungan milis teh…
>   ning mairan nu ieu ah…
>   nu hampang jeung nu lucu (baca : yang ringan dan yang lucu)… heheh.
>
>   Emut basa HBH di Jatinangor (baca meh gaya : Jatinenjer hihih…) 2007
> kamari. Waktos bade amitan, pendak sareng Kang Deni Suwarja nu buit
> Garut tea, nyayandak keresek bari nawiskeun,”Bade Burayot?”.
>
>   Walah? (tarang rada kerung jeung hayang seuri) Katuangan naon eta teh?
> (bari panangan mah ngarongkong kana lebet keresek).  Aeh, geuning
> wangunna di hiji sisi peyot, di hiji sisi deui semu buleud? Ah,
> panginten kaimpleng ku baraya ge, kumaha ari nu ngaburayot? Contona,
> orok dina aisan pan sok ngaburayot? Kaemut ku abdi mah, jigana waktos
> ngadamelna dibuleud-buleud, digoreng janten malalendung. Tos tiis
> meotan, tah, janten weh jiga ngaburayot.
>
>   Diraosan… mmmmmmm… asa-asa apal rasa kieu teh… tapi naon nya? Ali Agrem!
> Emut ka uwa abdi di lembur sok pirajeunan ngadamel Ali Agrem. Wangunna
> jiga donat mini tapi teuas da didamel tina beas.  Raos, amis pelem… komo
> ngaleueutna disarengan ku ci enteh haneut… nu cur roth…
>
>   Katuangan tradisional murah meriah sapertos kieu kedah dimumule, da
> wayah kiwari mah kawon ku katuangan bule sabangsaning donat, berger,
> setik srrd nu matak ngondang pipanyakiteun pangpangnamah panyakit Kanker
> alias Kantong Kering tea…heheh.
>
>   salam,
>   ro2.

Panzi
E-mail : [EMAIL PROTECTED]
Enggineering Section
PT Inti Pindad Mitra Sejati
Bandung - Jawa Barat

Kirim email ke