Wah kuring taluk lah mun kudu dibasa inggriskeun..... Estu basa sunda aya ku 
beungharna.
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
To: Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]>; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; 
[email protected]
Sent: Tuesday, June 3, 2008 10:18:35 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] B U R A Y O T

teh roro, apal teu, kunanon eta kueh jadi nga-burayot?
eta teh kieu geura: bahana, adonana mah persis sami sareh kue
mang-ali, oge cuhcur. sanggeus adonan dicitak diemple-emple, belewer
dialungkeun kana minyak panas, memeh asak dicolok ku colokan awi atawa
colokan sate. tah nalika colokan awi diangkat kaluhur, gulawing eta
kueh nu masih panas teh ngagulawing, cenah katarik ku gravitasi atawa
magnet bumi, tapi tungtungna nyangked dina colokan tea, nu matak
jadina nga-burayot. hehehe.

salam,
mh

On Wed, Jun 4, 2008 at 12:03 PM, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Leres, MH
>
> Ni "lung leng" ngabandungan milis teh…
>
> ning mairan nu ieu ah…
>
> nu hampang jeung nu lucu (baca : yang ringan dan yang lucu)… heheh.
>
>
>
> Emut basa HBH di Jatinangor (baca meh gaya : Jatinenjer hihih…) 2007 kamari.
> Waktos bade amitan, pendak sareng Kang Deni Suwarja nu buit Garut tea,
> nyayandak keresek bari nawiskeun,"Bade Burayot?".
>
>
>
> Walah? (tarang rada kerung jeung hayang seuri) Katuangan naon eta teh? (bari
> panangan mah ngarongkong kana lebet keresek).  Aeh, geuning wangunna di hiji
> sisi peyot, di hiji sisi deui semu buleud? Ah, panginten kaimpleng ku baraya
> ge, kumaha ari nu ngaburayot? Contona, orok dina aisan pan sok ngaburayot?
> Kaemut ku abdi mah, jigana waktos ngadamelna dibuleud-buleud, digoreng
> janten malalendung. Tos tiis meotan, tah, janten weh jiga ngaburayot.
>
>
>
> Diraosan… mmmmmmm… asa-asa apal rasa kieu teh… tapi naon nya? Ali Agrem!
> Emut ka uwa abdi di lembur sok pirajeunan ngadamel Ali Agrem. Wangunna jiga
> donat mini tapi teuas da didamel tina beas.  Raos, amis pelem… komo
> ngaleueutna disarengan ku ci enteh haneut… nu cur roth…
>
>
>
> Katuangan tradisional murah meriah sapertos kieu kedah dimumule, da wayah
> kiwari mah kawon ku katuangan bule sabangsaning donat, berger, setik srrd nu
> matak ngondang pipanyakiteun pangpangnamah panyakit Kanker alias Kantong
> Kering tea…heheh.
>
>
>
> salam,
>
> ro2.
>
>>>> [EMAIL PROTECTED] 06/03/08 05:25PM >>>
> Baraya, apal kana "burayot"? atawa sok nga-burayot. Hehehe
> Ieu aya artikel, pikeun reureuh sakeudeung, nu keur rame padungdeng
> rupa-rupa kajadian di lembur.
>
> salam,
> mh
>

------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links




      

Kirim email ke