Asa geus lila teu nulis di Kusnet, lain nanaon tapi nya kitu pakepuk, asana keur sadirieun mah sanggeus eureun gawe jadi beuki karasa pakepuk, pangpangna sok mindeng aya tamu nu hayangeun maca buku Sunda di imah. Ari di cul-keun asa piraku, nya atuh ngawangkong ngawangkong keur nambahan duduluran tur ngantengkeun tali silaturahim. Asana MH kungsi ngusulkeun HBH nu bakal datang teh di Rumah Baca Buku Sunda, keur sim kuring mah baeu teuing atoh we nu aya. Mangga pisan lamun tea mah rek jadi tempat HBH taun ieu. Hampura ka baraya sadayana, kakara ngilu mairan perkara ieu, ari prak-prakanana mah mangga nyanggakeun ka Panitia. Sanajan imah leutik ge teu nanaon urang dukdek we paadu tuur, sila tutug bari ngawangkong.
Lamun tea mah jadi HBH di sim kuring, bet jorojoy hayang medar perkara bedog. Sanggeus rada aprak-aprakan neangan bedog, sanajan ngan ukur ka tilu tempat jeung ngobrol jeung sababaraha balad, boh balad ti akademisi boh ti tradisional tapi duanana ge silih pageuhan, ngabeungharan. Kecap golok kapanggih dina Sanghyang Siksakandang Karesian (1518), disebutkeun eta teh pakarang raja. Ari kecap bedog teu kapanggih dina naskah kuna, hal ieu dikuatkeun ku buku Kamus Bahasa Naskah dan Prasasti Sunda (2001) beunang Elis Suryani saparakanca, dina ieu kamus teu kapanggih kecap bedog. Atuh tunyu tanya ka ahlina diantarana ka Teh Tien Wartini, nanyakeun sugan manggih kecap bedog dina naskah kuna naon, nya kitu waleranana Teh Tien can kapendak. Tina kaayaan kitu kuring ngawanikeun maneh narik kasimpulan ( sok sanajan bisa bae rada gagabah) yen golok jeung bedog teh eta-eta keneh barangna mah. Bedana golok pakarang raja, sedengkeun bedog pakarang rahayat biasa. Nu kapanggih pang-awalna kecap bedog kakara dina kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg (1862), demi dina carita pantun asa arang disebut, nu mindeng disebut dina pantun mah duhung. Duhung bisa bae keris atawa kujang atawa barang pusaka lainna. Nepi ka ayeuna ge aya sababaraha anggota masarakat, lamun nyebut golok eta hartina bedog anu alus, anu dipusti-pusti, disebutna ge pakarang. Ari bedog hartina parabot paranti digawe sapopoe ku rahayat biasa. Jadi didieu ge geus ngabedakeun antara kecap pakarang jeung parabot. Pakarang mah leuwih dipusti-pusti yen eta teh barang titinggal kolot atawa karuhun, dianggap barang sakral. Ari parabot mah nya paranti gawe bisa bae gular goler siga nu teu pati diurus, dianggap barang profan. Golok jeung bedog sarua keneh basa Sunda, golok kapanggih dina Sanghyang Siksakandang Karesian naskah kuna ieu teh apan dianggap naskah kuna basa Sunda, sedengkeun bedog hirup di masarakat jadi basa sapopoe. Ngimeutan bedog aya tilu perkara, nyaeta wilah, perah jeung sarangka. Wilah bagian bedog paling utama, logam nu diwangun jadi rupa bedog, aya buntut, awak jeung congo. Buntut nyaeta paranti perah ditancebkeun, lamun dina keris mah disebut pekis (istilah Jawa) atawa paksi. Dina awak aya tonggong jeung beuteung sok disebut seuseukeut atawa huntu atawa mata. Congo mah bagian tungtung anu tepung antara seuseukeut jeung tonggong. Dasarna wangun bedog aya lima nyaeta tonggong lempeng, tonggong bentik, beuteung lempeng, beuteung ngagayot jeung varian tina nu opat.Ari ngaran wanda bedog rupa-rupa saperti salam nunggal, paut nyere, sintung bening, buntut lubang jste. Ngaran bedog aya nu eksotis malah asa rada feminim, tah didieu aya usaha barangasanana seuseukeut bedog disimbutan ku ngaran anu eksotis. Meureun didieu bisa kagambarkeun yen masarakat Sunda teh leuwih boga sifat defensif batan ofensif. Lantaran asa teu manggih ngaran bedog anu handuruan siga samber nyawa, atawa ngaran sejen anu pikagimireun. Perah bedog dasarna aya tilu, nyaeta ngeluk (siga daun tutuwuhan paku/pakis anu kakara borojol, atawa siga golong tambang), rada tanggah sok disebut lutung moyan, jeung anu lempeng siga pingping hayam. Terus aya varian tina nu tilu, atuh teu kaliwat anu ngawangun rupa sejen kayaning macan, heulang, gagak, buhaya jste. Sarangka bedog mah gumantung kana wanda bedog, ngan didieu beunghar ku ornamen, malah aya simeut meuting nu loba wandana, di hiji tempat aya simeut meuting dina wanda cakcak, naha bet cakcak? tah didieu kudu malikan deui kana ngimeutan paripolah jeung pikiran kolektif urang Sunda.Aya sesebutan cakcak bodas pikeun intel atawa mata-mata, naha bet disimbolkeun cakcak, naha pedah dina mitologi buhun sok disebut yen cakcak teh lambang kawaspadaan? Dina bedog lain bae aya fungsi praktis tapi deuih aya fungsi simbolis, palebah simbolis ieu kalan-kalan padu regeng dina pikiran naha enya siga kitu. Boa boa karuhun baheula mah nyieun bedog teh malulu dumasar kana fungsi praktis wungkul. Upamana wanda perah nu ngeluk fungsi praktisna keur ngaitna perah kana cinggir supaya ulah babari lesot mun dicekel komo lamun geus keuna ku kesang bisi leueur. Brahna mah geuning aya simbolisna didinya, cek kokolot nyekel bedog teh kudu geus sawawa, ulah sagawayah, hirup mah kudu lir elmu pare, ngeluk tungkulna perah mere pituduh sangkan hirup ulah sombong. Wanda perah ge aya nu disebut mear jeung makara, mear teh hiji sato (moluska) sok liar peuting awakna siga hurung da ngandung fosfor lir cika-cika. Ari makara sato mitologi hirup dicai aya tulalena siga gajah, makara ge sok disebut hurang.Tah perkara makara ge can kaguar kalawan daria, ti mana holna bet aya dina perah bedog dina wanda makara..? Kumaha pakaitna jeung ragam hias, nu kapanggih aya cacing meulit, aya ombak, aya cacag buah, aya beubeut nyere (sogokan). Dina ragam hias aya istilah ornamen, motif jeung pola, sigana kudu nyusud kadinya ditambah ku semiotik, ceuk Mang J semiotik teh nu ngaguar perkara lambang. Walah jadi huleng jentul teu puguh. Tapi ketah tulisan keur Sundalana mah geus jadi sanajan aya nu kudu ditambah. Aya nu tiasa silih simbeuhan perkara bedog...? MSasmita.

