Ari kuring mah hayang bisa "Ulin Bedog", Wa. he..he..he..
Kumawani ka Urang Sunda, Dikadek siah ku aing ! :D On Sat, Jun 7, 2008 at 11:25 AM, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Asa geus lila teu nulis di Kusnet, lain nanaon tapi nya kitu pakepuk, asana > keur sadirieun mah sanggeus eureun gawe jadi beuki karasa pakepuk, > pangpangna sok mindeng aya tamu nu hayangeun maca buku Sunda di imah. Ari di > cul-keun asa piraku, nya atuh ngawangkong ngawangkong keur nambahan > duduluran tur ngantengkeun tali silaturahim. > Asana MH kungsi ngusulkeun HBH nu bakal datang teh di Rumah Baca Buku > Sunda, keur sim kuring mah baeu teuing atoh we nu aya. Mangga pisan lamun > tea mah rek jadi tempat HBH taun ieu. > Hampura ka baraya sadayana, kakara ngilu mairan perkara ieu, ari > prak-prakanana mah mangga nyanggakeun ka Panitia. Sanajan imah leutik ge teu > nanaon urang dukdek we paadu tuur, sila tutug bari ngawangkong. > > Lamun tea mah jadi HBH di sim kuring, bet jorojoy hayang medar perkara > bedog. Sanggeus rada aprak-aprakan neangan bedog, sanajan ngan ukur ka tilu > tempat jeung ngobrol jeung sababaraha balad, boh balad ti akademisi boh ti > tradisional tapi duanana ge silih pageuhan, ngabeungharan. > Kecap golok kapanggih dina Sanghyang Siksakandang Karesian (1518), > disebutkeun eta teh pakarang raja. Ari kecap bedog teu kapanggih dina naskah > kuna, hal ieu dikuatkeun ku buku Kamus Bahasa Naskah dan Prasasti Sunda > (2001) beunang Elis Suryani saparakanca, dina ieu kamus teu kapanggih kecap > bedog. Atuh tunyu tanya ka ahlina diantarana ka Teh Tien Wartini, nanyakeun > sugan manggih kecap bedog dina naskah kuna naon, nya kitu waleranana Teh > Tien can kapendak. Tina kaayaan kitu kuring ngawanikeun maneh narik > kasimpulan ( sok sanajan bisa bae rada gagabah) yen golok jeung bedog teh > eta-eta keneh barangna mah. Bedana golok pakarang raja, sedengkeun bedog > pakarang rahayat biasa. Nu kapanggih pang-awalna kecap bedog kakara dina > kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg (1862), demi dina carita pantun asa arang > disebut, nu mindeng disebut dina pantun mah duhung. Duhung bisa bae keris > atawa kujang atawa barang pusaka lainna. > Nepi ka ayeuna ge aya sababaraha anggota masarakat, lamun nyebut golok eta > hartina bedog anu alus, anu dipusti-pusti, disebutna ge pakarang. Ari bedog > hartina parabot paranti digawe sapopoe ku rahayat biasa. Jadi didieu ge geus > ngabedakeun antara kecap pakarang jeung parabot. Pakarang mah leuwih > dipusti-pusti yen eta teh barang titinggal kolot atawa karuhun, dianggap > barang sakral. Ari parabot mah nya paranti gawe bisa bae gular goler siga nu > teu pati diurus, dianggap barang profan. > Golok jeung bedog sarua keneh basa Sunda, golok kapanggih dina Sanghyang > Siksakandang Karesian naskah kuna ieu teh apan dianggap naskah kuna basa > Sunda, sedengkeun bedog hirup di masarakat jadi basa sapopoe. > > Ngimeutan bedog aya tilu perkara, nyaeta wilah, perah jeung sarangka. Wilah > bagian bedog paling utama, logam nu diwangun jadi rupa bedog, aya buntut, > awak jeung congo. Buntut nyaeta paranti perah ditancebkeun, lamun dina keris > mah disebut pekis (istilah Jawa) atawa paksi. > Dina awak aya tonggong jeung beuteung sok disebut seuseukeut atawa huntu > atawa mata. Congo mah bagian tungtung anu tepung antara seuseukeut jeung > tonggong. Dasarna wangun bedog aya lima nyaeta tonggong lempeng, tonggong > bentik, beuteung lempeng, beuteung ngagayot jeung varian tina nu opat.Ari > ngaran wanda bedog rupa-rupa saperti salam nunggal, paut nyere, sintung > bening, buntut lubang jste. Ngaran bedog aya nu eksotis malah asa rada > feminim, tah didieu aya usaha barangasanana seuseukeut bedog disimbutan ku > ngaran anu eksotis. Meureun didieu bisa kagambarkeun yen masarakat Sunda teh > leuwih boga sifat defensif batan ofensif. Lantaran asa teu manggih ngaran > bedog anu handuruan siga samber nyawa, atawa ngaran sejen anu pikagimireun. > Perah bedog dasarna aya tilu, nyaeta ngeluk (siga daun tutuwuhan paku/pakis > anu kakara borojol, atawa siga golong tambang), rada tanggah sok disebut > lutung moyan, jeung anu lempeng siga pingping hayam. Terus aya varian tina > nu tilu, atuh teu kaliwat anu ngawangun rupa sejen kayaning macan, heulang, > gagak, buhaya jste. > Sarangka bedog mah gumantung kana wanda bedog, ngan didieu beunghar ku > ornamen, malah aya simeut meuting nu loba wandana, di hiji tempat aya simeut > meuting dina wanda cakcak, naha bet cakcak? tah didieu kudu malikan deui > kana ngimeutan paripolah jeung pikiran kolektif urang Sunda.Aya sesebutan > cakcak bodas pikeun intel atawa mata-mata, naha bet disimbolkeun cakcak, > naha pedah dina mitologi buhun sok disebut yen cakcak teh lambang > kawaspadaan? > > Dina bedog lain bae aya fungsi praktis tapi deuih aya fungsi simbolis, > palebah simbolis ieu kalan-kalan padu regeng dina pikiran naha enya siga > kitu. Boa boa karuhun baheula mah nyieun bedog teh malulu dumasar kana > fungsi praktis wungkul. Upamana wanda perah nu ngeluk fungsi praktisna keur > ngaitna perah kana cinggir supaya ulah babari lesot mun dicekel komo lamun > geus keuna ku kesang bisi leueur. Brahna mah geuning aya simbolisna didinya, > cek kokolot nyekel bedog teh kudu geus sawawa, ulah sagawayah, hirup mah > kudu lir elmu pare, ngeluk tungkulna perah mere pituduh sangkan hirup ulah > sombong. > Wanda perah ge aya nu disebut mear jeung makara, mear teh hiji sato > (moluska) sok liar peuting awakna siga hurung da ngandung fosfor lir > cika-cika. Ari makara sato mitologi hirup dicai aya tulalena siga gajah, > makara ge sok disebut hurang.Tah perkara makara ge can kaguar kalawan daria, > ti mana holna bet aya dina perah bedog dina wanda makara..? > > Kumaha pakaitna jeung ragam hias, nu kapanggih aya cacing meulit, aya > ombak, aya cacag buah, aya beubeut nyere (sogokan). Dina ragam hias aya > istilah ornamen, motif jeung pola, sigana kudu nyusud kadinya ditambah ku > semiotik, ceuk Mang J semiotik teh nu ngaguar perkara lambang. Walah jadi > huleng jentul teu puguh. Tapi ketah tulisan keur Sundalana mah geus jadi > sanajan aya nu kudu ditambah. > > Aya nu tiasa silih simbeuhan perkara bedog...? > > MSasmita. > > > Messages in this topic > <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/129596;_ylc=X3oDMTM4ZDVwOHZmBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzEyOTU5NgRzZWMDZnRyBHNsawN2dHBjBHN0aW1lAzEyMTI4MTI3NTgEdHBjSWQDMTI5NTk2>( > 1) Reply (via web post) > <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/post;_ylc=X3oDMTJyY2Roazc2BF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzEyOTU5NgRzZWMDZnRyBHNsawNycGx5BHN0aW1lAzEyMTI4MTI3NTg-?act=reply&messageNum=129596>| > Start > a new topic > <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/post;_ylc=X3oDMTJlbTJlNjJzBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA250cGMEc3RpbWUDMTIxMjgxMjc1OA--> > > Messages<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/messages;_ylc=X3oDMTJlZjJzcjZ2BF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA21zZ3MEc3RpbWUDMTIxMjgxMjc1OA-->| > Files<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/files;_ylc=X3oDMTJmMmZzNGgzBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2ZpbGVzBHN0aW1lAzEyMTI4MTI3NTg->| > Photos<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/photos;_ylc=X3oDMTJlYTJzanVsBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA3Bob3QEc3RpbWUDMTIxMjgxMjc1OA-->| > Calendar<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/calendar;_ylc=X3oDMTJkNTM1bHUxBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2NhbARzdGltZQMxMjEyODEyNzU4> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > MARKETPLACE > You rock! Blockbuster wants to give you a complimentary trial of > Blockbuster Total > Access.<http://us.ard.yahoo.com/SIG=13r1d358h/M=624381.12730922.13032918.10835568/D=groups/S=1705013556:MKP1/Y=YAHOO/EXP=1212819958/L=/B=R1JFAULaX9o-/J=1212812758637899/A=5368226/R=0/SIG=14erof5si/*http://media.adrevolver.com/adrevolver/href?banner=189161&place=26143&url_=http://tc.deals.yahoo.com/tc/blockbuster/display.com?cid=bbi00028> > [image: Yahoo! > Groups]<http://groups.yahoo.com/;_ylc=X3oDMTJkb2liN3J0BF9TAzk3NDc2NTkwBGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2dmcARzdGltZQMxMjEyODEyNzU4> > Change settings via the > Web<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join;_ylc=X3oDMTJmaHMzZTMyBF9TAzk3NDc2NTkwBGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA3N0bmdzBHN0aW1lAzEyMTI4MTI3NTg->(Yahoo! > ID required) > Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest<[EMAIL > PROTECTED]:+Digest>| Switch > format to Traditional<[EMAIL PROTECTED]:+Traditional> > Visit Your Group > <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda;_ylc=X3oDMTJkcGlrMnA1BF9TAzk3NDc2NTkwBGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2hwZgRzdGltZQMxMjEyODEyNzU4>| > Yahoo! > Groups Terms of Use <http://docs.yahoo.com/info/terms/> | Unsubscribe > <[EMAIL PROTECTED]> >

