uin bedog mah pan sok ka lembur, aya ngarana "uwa ada" manehna jago kana ulin bedog mah...
On Sat, Jun 7, 2008 at 5:08 PM, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ari kuring mah hayang bisa "Ulin Bedog", Wa. he..he..he.. > > > Kumawani ka Urang Sunda, Dikadek siah ku aing ! :D > > > > > On Sat, Jun 7, 2008 at 11:25 AM, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > >> >> Asa geus lila teu nulis di Kusnet, lain nanaon tapi nya kitu pakepuk, >> asana keur sadirieun mah sanggeus eureun gawe jadi beuki karasa pakepuk, >> pangpangna sok mindeng aya tamu nu hayangeun maca buku Sunda di imah. Ari di >> cul-keun asa piraku, nya atuh ngawangkong ngawangkong keur nambahan >> duduluran tur ngantengkeun tali silaturahim. >> Asana MH kungsi ngusulkeun HBH nu bakal datang teh di Rumah Baca Buku >> Sunda, keur sim kuring mah baeu teuing atoh we nu aya. Mangga pisan lamun >> tea mah rek jadi tempat HBH taun ieu. >> Hampura ka baraya sadayana, kakara ngilu mairan perkara ieu, ari >> prak-prakanana mah mangga nyanggakeun ka Panitia. Sanajan imah leutik ge teu >> nanaon urang dukdek we paadu tuur, sila tutug bari ngawangkong. >> >> Lamun tea mah jadi HBH di sim kuring, bet jorojoy hayang medar perkara >> bedog. Sanggeus rada aprak-aprakan neangan bedog, sanajan ngan ukur ka tilu >> tempat jeung ngobrol jeung sababaraha balad, boh balad ti akademisi boh ti >> tradisional tapi duanana ge silih pageuhan, ngabeungharan. >> Kecap golok kapanggih dina Sanghyang Siksakandang Karesian (1518), >> disebutkeun eta teh pakarang raja. Ari kecap bedog teu kapanggih dina naskah >> kuna, hal ieu dikuatkeun ku buku Kamus Bahasa Naskah dan Prasasti Sunda >> (2001) beunang Elis Suryani saparakanca, dina ieu kamus teu kapanggih kecap >> bedog. Atuh tunyu tanya ka ahlina diantarana ka Teh Tien Wartini, nanyakeun >> sugan manggih kecap bedog dina naskah kuna naon, nya kitu waleranana Teh >> Tien can kapendak. Tina kaayaan kitu kuring ngawanikeun maneh narik >> kasimpulan ( sok sanajan bisa bae rada gagabah) yen golok jeung bedog teh >> eta-eta keneh barangna mah. Bedana golok pakarang raja, sedengkeun bedog >> pakarang rahayat biasa. Nu kapanggih pang-awalna kecap bedog kakara dina >> kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg (1862), demi dina carita pantun asa arang >> disebut, nu mindeng disebut dina pantun mah duhung. Duhung bisa bae keris >> atawa kujang atawa barang pusaka lainna. >> Nepi ka ayeuna ge aya sababaraha anggota masarakat, lamun nyebut golok eta >> hartina bedog anu alus, anu dipusti-pusti, disebutna ge pakarang. Ari bedog >> hartina parabot paranti digawe sapopoe ku rahayat biasa. Jadi didieu ge geus >> ngabedakeun antara kecap pakarang jeung parabot. Pakarang mah leuwih >> dipusti-pusti yen eta teh barang titinggal kolot atawa karuhun, dianggap >> barang sakral. Ari parabot mah nya paranti gawe bisa bae gular goler siga nu >> teu pati diurus, dianggap barang profan. >> Golok jeung bedog sarua keneh basa Sunda, golok kapanggih dina Sanghyang >> Siksakandang Karesian naskah kuna ieu teh apan dianggap naskah kuna basa >> Sunda, sedengkeun bedog hirup di masarakat jadi basa sapopoe. >> >> Ngimeutan bedog aya tilu perkara, nyaeta wilah, perah jeung sarangka. >> Wilah bagian bedog paling utama, logam nu diwangun jadi rupa bedog, aya >> buntut, awak jeung congo. Buntut nyaeta paranti perah ditancebkeun, lamun >> dina keris mah disebut pekis (istilah Jawa) atawa paksi. >> Dina awak aya tonggong jeung beuteung sok disebut seuseukeut atawa huntu >> atawa mata. Congo mah bagian tungtung anu tepung antara seuseukeut jeung >> tonggong. Dasarna wangun bedog aya lima nyaeta tonggong lempeng, tonggong >> bentik, beuteung lempeng, beuteung ngagayot jeung varian tina nu opat.Ari >> ngaran wanda bedog rupa-rupa saperti salam nunggal, paut nyere, sintung >> bening, buntut lubang jste. Ngaran bedog aya nu eksotis malah asa rada >> feminim, tah didieu aya usaha barangasanana seuseukeut bedog disimbutan ku >> ngaran anu eksotis. Meureun didieu bisa kagambarkeun yen masarakat Sunda teh >> leuwih boga sifat defensif batan ofensif. Lantaran asa teu manggih ngaran >> bedog anu handuruan siga samber nyawa, atawa ngaran sejen anu pikagimireun. >> Perah bedog dasarna aya tilu, nyaeta ngeluk (siga daun tutuwuhan >> paku/pakis anu kakara borojol, atawa siga golong tambang), rada tanggah sok >> disebut lutung moyan, jeung anu lempeng siga pingping hayam. Terus aya >> varian tina nu tilu, atuh teu kaliwat anu ngawangun rupa sejen kayaning >> macan, heulang, gagak, buhaya jste. >> Sarangka bedog mah gumantung kana wanda bedog, ngan didieu beunghar ku >> ornamen, malah aya simeut meuting nu loba wandana, di hiji tempat aya simeut >> meuting dina wanda cakcak, naha bet cakcak? tah didieu kudu malikan deui >> kana ngimeutan paripolah jeung pikiran kolektif urang Sunda.Aya sesebutan >> cakcak bodas pikeun intel atawa mata-mata, naha bet disimbolkeun cakcak, >> naha pedah dina mitologi buhun sok disebut yen cakcak teh lambang >> kawaspadaan? >> >> Dina bedog lain bae aya fungsi praktis tapi deuih aya fungsi simbolis, >> palebah simbolis ieu kalan-kalan padu regeng dina pikiran naha enya siga >> kitu. Boa boa karuhun baheula mah nyieun bedog teh malulu dumasar kana >> fungsi praktis wungkul. Upamana wanda perah nu ngeluk fungsi praktisna keur >> ngaitna perah kana cinggir supaya ulah babari lesot mun dicekel komo lamun >> geus keuna ku kesang bisi leueur. Brahna mah geuning aya simbolisna didinya, >> cek kokolot nyekel bedog teh kudu geus sawawa, ulah sagawayah, hirup mah >> kudu lir elmu pare, ngeluk tungkulna perah mere pituduh sangkan hirup ulah >> sombong. >> Wanda perah ge aya nu disebut mear jeung makara, mear teh hiji sato >> (moluska) sok liar peuting awakna siga hurung da ngandung fosfor lir >> cika-cika. Ari makara sato mitologi hirup dicai aya tulalena siga gajah, >> makara ge sok disebut hurang.Tah perkara makara ge can kaguar kalawan daria, >> ti mana holna bet aya dina perah bedog dina wanda makara..? >> >> Kumaha pakaitna jeung ragam hias, nu kapanggih aya cacing meulit, aya >> ombak, aya cacag buah, aya beubeut nyere (sogokan). Dina ragam hias aya >> istilah ornamen, motif jeung pola, sigana kudu nyusud kadinya ditambah ku >> semiotik, ceuk Mang J semiotik teh nu ngaguar perkara lambang. Walah jadi >> huleng jentul teu puguh. Tapi ketah tulisan keur Sundalana mah geus jadi >> sanajan aya nu kudu ditambah. >> >> Aya nu tiasa silih simbeuhan perkara bedog...? >> >> MSasmita. >> >> >> Messages in this topic >> <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/129596;_ylc=X3oDMTM4ZDVwOHZmBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzEyOTU5NgRzZWMDZnRyBHNsawN2dHBjBHN0aW1lAzEyMTI4MTI3NTgEdHBjSWQDMTI5NTk2>( >> 1) Reply (via web post) >> <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/post;_ylc=X3oDMTJyY2Roazc2BF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzEyOTU5NgRzZWMDZnRyBHNsawNycGx5BHN0aW1lAzEyMTI4MTI3NTg-?act=reply&messageNum=129596>| >> Start >> a new topic >> <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/post;_ylc=X3oDMTJlbTJlNjJzBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA250cGMEc3RpbWUDMTIxMjgxMjc1OA--> >> >> Messages<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/messages;_ylc=X3oDMTJlZjJzcjZ2BF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA21zZ3MEc3RpbWUDMTIxMjgxMjc1OA-->| >> Files<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/files;_ylc=X3oDMTJmMmZzNGgzBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2ZpbGVzBHN0aW1lAzEyMTI4MTI3NTg->| >> Photos<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/photos;_ylc=X3oDMTJlYTJzanVsBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA3Bob3QEc3RpbWUDMTIxMjgxMjc1OA-->| >> Calendar<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/calendar;_ylc=X3oDMTJkNTM1bHUxBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2NhbARzdGltZQMxMjEyODEyNzU4> >> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id >> MARKETPLACE >> You rock! Blockbuster wants to give you a complimentary trial of >> Blockbuster Total >> Access.<http://us.ard.yahoo.com/SIG=13r1d358h/M=624381.12730922.13032918.10835568/D=groups/S=1705013556:MKP1/Y=YAHOO/EXP=1212819958/L=/B=R1JFAULaX9o-/J=1212812758637899/A=5368226/R=0/SIG=14erof5si/*http://media.adrevolver.com/adrevolver/href?banner=189161&place=26143&url_=http://tc.deals.yahoo.com/tc/blockbuster/display.com?cid=bbi00028> >> [image: Yahoo! >> Groups]<http://groups.yahoo.com/;_ylc=X3oDMTJkb2liN3J0BF9TAzk3NDc2NTkwBGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2dmcARzdGltZQMxMjEyODEyNzU4> >> Change settings via the >> Web<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join;_ylc=X3oDMTJmaHMzZTMyBF9TAzk3NDc2NTkwBGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA3N0bmdzBHN0aW1lAzEyMTI4MTI3NTg->(Yahoo! >> ID required) >> Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest<[EMAIL >> PROTECTED]:+Digest>| Switch >> format to Traditional<[EMAIL PROTECTED]:+Traditional> >> Visit Your Group >> <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda;_ylc=X3oDMTJkcGlrMnA1BF9TAzk3NDc2NTkwBGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2hwZgRzdGltZQMxMjEyODEyNzU4>| >> Yahoo! >> Groups Terms of Use <http://docs.yahoo.com/info/terms/> | Unsubscribe >> <[EMAIL PROTECTED]> >> > > > -- ----------------------------------------------------------- AGUS PAKUSARAKAN 08128377662 www.smarthubtech.co.id----------------------------------------------------------- www.independen.wordpress.com www.inkas.wordpress.com www.garut0262.wordpress.com www.azzoman.indonetwork.net

