Di Banten, seuer kasebut golok, rada jarang nyebutkeun bedog, sigana bedog hese 
lepas tina masyarakat sunda baeula jeung ayeuna, sakapeung keur gawe di 
leuweung, huma, atanapi sawah, sakepeung keur identitas "jawara" aya nu disebut 
golok sulangkar tea, bedana jeung golok nu sejen nyaeta proses nyieunna rada 
hese, kitu oge bahanna, cenah mah aya tina bahan meteor, sababna nu ngaran 
jawara teu leupas tina kawedukan, mun cenah dibacok make golok biasa moal 
mempan, jadi kudu make golok sulangkar mah rada seukeut (cenah) da kampuhan 
golok ieu satara jeung keris ampuh jaman baheula, di tatar sunda golok 
sulangkar ieu nu bisa nyieun rada jarang, nu kungsi kapanggih na di wilayah 
jampang surade (sukabumi), atanapi di baduy, dina bentukna oge rada sejen mun 
ditelek telek aya siga guratan (pamor) dina golokna, puguh racun mah, daerah 
sejenna nu sok ngadamel golok ieu di banten aya daerah ciomas, mah ti jaman 
baheula golok ciomas ieu sohor pisan, cenah mah
 sakumaha wedukna jalma, lamun dibacok ku golok ciomas, biasana palastra, golok 
ieu titinggal sultan banten (abad 16), dina nyieunna oge ngan bulan mulud, make 
palu "si denok" tea anu titinggal sultan banten, kitu oge beusi, jeung hawuna 
(ratusan taun) salian ti nyieun golok bisa oge nyieun kujang, peso jrrd, katilu 
golok ieu bisa oge dijieun pusaka (barang antik) keur sababaraha jalma, tah 
dulur aya anu resep bedog ?

--- On Sat, 6/7/08, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] Perkara HBH jeung Bedog
To: [email protected]
Date: Saturday, June 7, 2008, 6:25 AM






 
Asa geus lila teu nulis di Kusnet, lain nanaon tapi nya kitu pakepuk, asana 
keur sadirieun mah sanggeus eureun gawe jadi beuki karasa pakepuk, pangpangna 
sok mindeng aya tamu nu hayangeun maca buku Sunda di imah. Ari di cul-keun asa 
piraku, nya atuh ngawangkong ngawangkong keur nambahan duduluran tur 
ngantengkeun tali silaturahim.
Asana  MH kungsi ngusulkeun HBH nu bakal datang teh di Rumah Baca 
Buku Sunda, keur sim kuring mah baeu teuing atoh we nu aya. Mangga pisan lamun 
tea mah rek jadi tempat HBH taun ieu.
Hampura ka baraya sadayana, kakara ngilu mairan perkara ieu, ari prak-prakanana 
mah mangga nyanggakeun ka Panitia. Sanajan imah leutik ge teu nanaon urang 
dukdek we paadu tuur, sila tutug bari ngawangkong.
 
Lamun tea mah jadi HBH di sim kuring, bet jorojoy hayang medar perkara bedog. 
Sanggeus rada aprak-aprakan neangan bedog, sanajan ngan ukur ka tilu tempat 
jeung ngobrol jeung sababaraha balad, boh balad ti akademisi boh ti tradisional 
tapi duanana ge silih pageuhan, ngabeungharan.
Kecap golok kapanggih dina Sanghyang Siksakandang Karesian (1518), disebutkeun 
eta teh pakarang raja. Ari kecap bedog teu kapanggih dina naskah kuna, hal ieu 
dikuatkeun ku buku Kamus Bahasa Naskah dan Prasasti Sunda (2001) beunang Elis 
Suryani saparakanca, dina ieu kamus teu kapanggih kecap bedog. Atuh tunyu tanya 
ka ahlina diantarana ka Teh Tien Wartini, nanyakeun sugan manggih kecap bedog 
dina naskah kuna naon, nya kitu waleranana Teh Tien can kapendak. Tina 
kaayaan kitu kuring ngawanikeun maneh narik kasimpulan ( sok sanajan bisa bae 
rada gagabah) yen golok jeung bedog teh eta-eta keneh barangna mah. Bedana 
golok pakarang raja, sedengkeun bedog pakarang rahayat biasa. Nu kapanggih 
pang-awalna kecap bedog kakara dina kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg (1862), 
demi dina carita pantun asa arang disebut, nu mindeng disebut dina pantun mah 
duhung. Duhung bisa bae keris atawa kujang atawa barang pusaka lainna.
Nepi ka ayeuna ge aya sababaraha anggota masarakat, lamun nyebut golok eta 
hartina bedog anu alus, anu dipusti-pusti, disebutna ge pakarang. Ari bedog 
hartina parabot paranti digawe sapopoe ku rahayat biasa. Jadi didieu ge geus 
ngabedakeun antara kecap pakarang jeung parabot. Pakarang mah leuwih 
dipusti-pusti yen eta teh barang titinggal kolot atawa karuhun, dianggap barang 
sakral. Ari parabot mah nya paranti gawe bisa bae gular goler siga nu teu pati 
diurus, dianggap barang profan.
Golok jeung bedog sarua keneh basa Sunda, golok kapanggih dina Sanghyang 
Siksakandang Karesian naskah kuna ieu teh apan dianggap naskah kuna basa Sunda, 
sedengkeun bedog hirup di masarakat jadi basa sapopoe.
 
Ngimeutan bedog aya tilu perkara, nyaeta wilah, perah jeung sarangka. Wilah 
bagian bedog paling utama, logam nu diwangun jadi rupa bedog, aya buntut, awak 
jeung congo. Buntut nyaeta paranti perah ditancebkeun, lamun dina keris mah 
disebut pekis (istilah Jawa) atawa paksi.
Dina awak aya tonggong jeung beuteung sok disebut seuseukeut atawa huntu atawa 
mata. Congo mah bagian tungtung anu tepung antara seuseukeut jeung tonggong. 
Dasarna wangun bedog aya lima nyaeta tonggong lempeng, tonggong bentik, 
beuteung lempeng, beuteung ngagayot jeung varian tina nu opat.Ari ngaran wanda 
bedog rupa-rupa saperti salam nunggal, paut nyere, sintung bening, buntut 
lubang jste. Ngaran bedog aya nu eksotis malah asa rada feminim, tah didieu aya 
usaha barangasanana seuseukeut bedog disimbutan ku ngaran anu eksotis. Meureun 
didieu bisa kagambarkeun yen masarakat Sunda teh leuwih boga sifat defensif 
batan ofensif. Lantaran asa teu manggih ngaran bedog anu handuruan siga samber 
nyawa, atawa ngaran sejen anu pikagimireun.
Perah bedog dasarna aya tilu, nyaeta ngeluk (siga daun tutuwuhan paku/pakis anu 
kakara borojol, atawa siga golong tambang), rada tanggah sok disebut lutung 
moyan, jeung anu lempeng siga pingping hayam. Terus aya varian tina nu tilu, 
atuh teu kaliwat anu ngawangun rupa sejen kayaning macan, heulang, gagak, 
buhaya jste.
Sarangka bedog mah gumantung kana wanda bedog, ngan didieu beunghar ku ornamen, 
malah aya simeut meuting nu loba wandana, di hiji tempat aya simeut meuting 
dina wanda cakcak, naha bet cakcak? tah didieu kudu malikan deui kana ngimeutan 
paripolah jeung pikiran kolektif urang Sunda.Aya sesebutan cakcak bodas pikeun 
intel atawa mata-mata, naha bet disimbolkeun cakcak, naha pedah dina mitologi 
buhun sok disebut yen cakcak teh lambang kawaspadaan?
 
Dina bedog lain bae aya fungsi praktis tapi deuih aya fungsi simbolis, palebah 
simbolis ieu kalan-kalan padu regeng dina pikiran naha enya siga kitu. Boa boa 
karuhun baheula mah nyieun bedog teh malulu dumasar kana fungsi praktis 
wungkul. Upamana wanda perah nu ngeluk fungsi praktisna keur ngaitna perah kana 
cinggir supaya ulah babari lesot mun dicekel komo lamun geus keuna ku kesang 
bisi leueur. Brahna mah geuning aya simbolisna didinya, cek kokolot nyekel 
bedog teh kudu geus sawawa, ulah sagawayah, hirup mah kudu lir elmu pare, 
ngeluk tungkulna perah mere pituduh sangkan hirup ulah sombong.
Wanda perah ge aya nu disebut mear jeung makara, mear teh hiji sato (moluska) 
sok liar peuting awakna siga hurung da ngandung fosfor lir cika-cika. Ari 
makara sato mitologi hirup dicai aya tulalena siga gajah, makara ge sok disebut 
hurang.Tah perkara makara ge can kaguar kalawan daria, ti mana holna bet aya 
dina perah bedog dina wanda makara..?
 
Kumaha pakaitna jeung ragam hias, nu kapanggih aya cacing meulit, aya ombak, 
aya cacag buah, aya beubeut nyere (sogokan). Dina ragam hias aya istilah 
ornamen, motif jeung pola, sigana kudu nyusud kadinya ditambah ku semiotik, 
ceuk Mang J semiotik teh nu ngaguar perkara lambang. Walah jadi huleng 
jentul teu puguh. Tapi ketah tulisan keur Sundalana mah geus jadi sanajan aya 
nu kudu ditambah.
 
Aya nu tiasa silih simbeuhan perkara bedog...?
 
MSasmita.
 
 
 














      

Kirim email ke