Sapuk Kang Kumi, bumi tipeu 21 RSSSSSSSS (Rumah Sangat Sederhana Sisi Sawah Sempit, Sumpek, Sunyiw, Sepiw, naon deui nya?...) wayah kiwari mah kedah utung-etang sing leres, nya waragad nya lahanna. Kahandap tos puguh, pami nambihan ge paling ka luhur, teu acan kanggo pamoean pleus kulah paragi cai.
Nya, ari diemut-emut mah saleresna urang Sunda teh tikapungkur oge tos kagungan rohangan di handapeun bumi, tapi teu disae-sae jiga di nagri batur, pidingna ge mung saukur ku bilik atanapi awi leunjeuran. Lebetna ge sabangsaning sasatoan, hayam, entog, meri* Bumi panggung tea heuheu... ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 06/10/08 06:24PM >>> Leres, Kang Trias... bayangkeun we bumi2 tipeu 21 atawa 36 di perumahan, paling onjoy 54 lah... sakitu teh geus pasedek2... kalah parebut jeung sumur & septic tank geura... heheh... Eta mun kabeneran ulin ka Parongpong, nempoan villa di dinya karosong... coba lolobana urang mana nu boga eta villa? padahal di bagian sejen imah teh teu sirikna patumpuk pakating ku gegek, teu kabaredag imah nu meueusan... On Tue, Jun 10, 2008 at 6:11 PM, trias santosa wrote: Waragadna ageung pisan, ngabangun salantai kahandap ekivalen jeung 2 lantai kaluhur. Ngan loba oge nu kaleuleuwihi, loba vila jeung gedong sigrong nu ngan ukur dicicingan ku pembantu.

