Enya, aya kasalahan teknis di luar perkiraan, jadi we tekors. Sihoreng
baheula, lahana urut rawa nu disawahan jeung masih keneh ledox handapna. Cek
basa Sunda mah, taneuh genggong. Gening kungsi aya Leuweung genggong.
Leuweung nu aya rawaan, tempat sarupaning sato leutik nu sok disada raeng.
Genggong teh sigana ti sora raeng bangkong, simeut, kadal, bayawak, jsb. 

 

Tadina mah sugan teh geus garing, da komplek graha puspa eta teh awal taun
90an ngadegna. Dua meteran dikali, taneuh teh ledok, betjek cai. Beuki jero
beuki ledox siga dasar taneuh balong. Cilaka euy. Mang kaning imah pikeun
pangeusi hate. Nya belasan kolom beton nu tadina pikeun nangtung kaluhur,
dibebeskeun kahandap. Ditambah ku nanceb2keun awi haur, pikeun carucuk,
gunana nguatkeun struktur taneuh, handapeun pondasi batu. Dibebeskeun, jadi
pondasi sumuran (strauss kitu) tilu opat meteran. beusi pikeun plat beton
lantey dua, jadi pikeun pelat beton di lantey dasar. Da mun teu kitu, bisi
kahareup lanteyna ambles. Ari konstruksi di lahan nu loba caian mah, kudu
siga parahu. Handapna kudu di beton meh dina turuna, kabeh turun, duka mun
miring, jadi siga menara Pisa di Italia. Heuheu.  Loba kajadian cenah di
komplek eta kitu. lantey ambles, sigana teu make lantey beton. Tapi nu ieu
can dicor, ngaheulakeun nu luhur. Sabab rek make cara imah tumbuh tea.
Nyieun salantey, luhurna di dak beton nu bisa dipake suhunan rata. Ke aya
duit, taekeun.

 

Ari cara ngangawun mah -inget keneh ti dosen konstruksi bangunan si kuring-
Pa Achmad Noe'man,  ngamimitian ti handap ka luhur, nganggeuskeun atawa
finishing ti luhur ka handap. 

 

 

Kirim email ke