Ngarah teu dengdek mah betonna dipanjangkeun ka luasna, terus dipasihan pelampung he he. :)
Wassalaam, Dian. 2008/6/11 mj <[EMAIL PROTECTED]>: Enya, aya kasalahan teknis di luar perkiraan, jadi we tekors. Sihoreng baheula, lahana urut rawa nu disawahan jeung masih keneh ledox handapna. Cek basa Sunda mah, taneuh genggong. Gening kungsi aya Leuweung genggong. Leuweung nu aya rawaan, tempat sarupaning sato leutik nu sok disada raeng. Genggong teh sigana ti sora raeng bangkong, simeut, kadal, bayawak, jsb. Tadina mah sugan teh geus garing, da komplek graha puspa eta teh awal taun 90an ngadegna. Dua meteran dikali, taneuh teh ledok, betjek cai. Beuki jero beuki ledox siga dasar taneuh balong. Cilaka euy. Mang kaning imah pikeun pangeusi hate. Nya belasan kolom beton nu tadina pikeun nangtung kaluhur, dibebeskeun kahandap. Ditambah ku nanceb2keun awi haur, pikeun carucuk, gunana nguatkeun struktur taneuh, handapeun pondasi batu. Dibebeskeun, jadi pondasi sumuran (strauss kitu) tilu opat meteran. beusi pikeun plat beton lantey dua, jadi pikeun pelat beton di lantey dasar. Da mun teu kitu, bisi kahareup lanteyna ambles. Ari konstruksi di lahan nu loba caian mah, kudu siga parahu. Handapna kudu di beton meh dina turuna, kabeh turun, duka mun miring, jadi siga menara Pisa di Italia. Heuheu. Loba kajadian cenah di komplek eta kitu. lantey ambles, sigana teu make lantey beton. Tapi nu ieu can dicor, ngaheulakeun nu luhur. Sabab rek make cara imah tumbuh tea. Nyieun salantey, luhurna di dak beton nu bisa dipake suhunan rata. Ke aya duit, taekeun. Ari cara ngangawun mah -inget keneh ti dosen konstruksi bangunan si kuring- Pa Achmad Noe'man, ngamimitian ti handap ka luhur, nganggeuskeun atawa finishing ti luhur ka handap.

