joni wirawan wrote: > > duh si akang......apanan iblis oge ihlas kang asup ka neraka.....leres > kang >
ki dulurs, pami teu lepat, urang kumpul-kumpul kieu teh dasarna silih asah silih asih silih asuh. jadi pami tea mah dugi padungdeng, ulah milari nu meunang eleh, kulantaran gede atanapi hade omong, tapi estu urang milari jalan nu kumaha benerna ceuk ukuran nu ku urang tos ditarima. ukuran nu tos bisa ditarima ku balarea contona bae: hukum positif [sanes perasaan], sumawona alquran sareng al hadits mah. Sapuk....? Ngeunaan iblis, syetan sste ihlas asup ka naraka, asana teh tacan kacarioskeun? Mung nu buktos bae syetan teh "menta" syarat ka Allah ta ala teh, jujur bae, pami menta syarat mah tebih tina ihlas. Mungkin ku ayana sifat hiri dengki panasbaran, mun aing kieu batur oge kudu sarua! Tah eta pisan sifatining bangsa syetan teh. Wangsulan kana maksud kuring ti payun, maksud teh ngabandingkeun ahmadiyah sareng gerakan-gerakan agama - nu ngaatasnamakeun Allah ta ala - alias sarupaning nu paralsu. Hal ieu didasarkeun kana firman Allah Ta Ala di Al Haqqah:44~47 ["Saupamana maneh ngaya-ngaya ngaatasnamakeun Kami. Pinasti Kami bakal nyekel leungeun katuhu maneh. Terus Kami bakal potong urat tali beuheung maneh. sst......."]. Hal ieu ancaman ka sing saha bae nu ngabohong, ngaku-ngaku meunang wahyu ti Allah Ta ala, padahal henteu, pinasti bakal perlaya dina kahinaan, malahan pangikutna oge bakal ilang musna taya tilas. Contona: Musalaimah, dina waktu ieu tos teu aya deui para pangikutna. Tah naha urang teu yakin kana anceman Allah Ta Ala nu kaunggel dina Alquran? Ieu mangrupi mekanisme cara Allah Ta ala ngariksa kana kamurnian Alquran:"Kami nu nurunkeun Alquran, Kami oge nu ngajagana" Perkawis nu tiasa merangan dugi ka ngelehkeun syetan mah, memang kaunggel dina Alquran yen godaan syetan teu bisa dielehkeun iwal ku jalma-jalma nu ihlas [punten nomer ayatna, engke nyusul, tacan kapendak - aya nu uninga...?] Rupina kitu manawi, wilujeng wik en................. salam, yadi > > */YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]>/* wrote: > > joni wirawan wrote: > > > > "......Tos saratus taun langkung ahmadiyah aya, tos sakitu > > lamina oge ahmadiyah dihujat, dianiyaya, digugat, dibekot sste > sanes > > janten > > punah, tapi kunaon masih aya bae, malih sawangsulna sigana teh > mangkin > > maju bae? > > Asana teh moal aya kakuatan dunya nu tiasa mempertahankeun hal ieu, > > iwal...... > > [laa khaula walaa kuwwata illa bilah]" > > > > ah akang mah tiasa wae,..... sanajan iblis jeung setan leuwih sepuh > > tibatan ayana jalma oge, nepi ka kiwari mah teuteup aya, kitu lain? > > atuda moal aya kakuatan dunya nu tiasa membasmi iblis iwal......... > > > > jalmi nu ihlas...... leres kang >

