Kang ari soal batu patung stone mah, urang ge apan ari solat ngadep kabah di
mekkah. Ari kabah teh kotak kubus nu aya hajar aswad di salah saopat juruna,
cek basa urang mah, hajar aswad teh batu hideung, atawa black stone. Heuheu.
Patung2 atawa batu kitu, ngan ukur media atawa siloka simbol. Solat urang
ngadepna ka dinya, sangkan seragam, teu ngadep kamana mendi. 

 

Perkara mirza gulam ahmad, kungsi si kuring  posting nu judulna kultus ala
india. Jadi persoalanana, mun eusina sarua, cek si kuring -ieu karek
hipotesis ska panggih- sigana ngutak-atik ayat, disaluyukeun jeung
pangabutuh oge kultur pikeun mageuhan kahayang tradisi kultus eta-sangkan
kadituna sahih jadi hiji "sekte". Di urang aya wali songo, di mana-mana loba
ulama badag- sumber  utamana sarua, qur'an jeung hadist, loba nu geus
tingkat sufi, ngajalankeun cara hirup profetik, nu meureun geus aya dina
tingkat "kanabian" cek istilahna mah, tapi teu nepi ka ngaku meunang kiriman
wahyu ti pangeran (nu kualiatasna sarua jeung kiriman pikeun nabi & rasul). 

 

Di Hindu loba pisan sekte, salah sahijina nu nepi ka urang baheula sok
disebut Hindu + ngaran dewa nu diprioritaskeunana. malah aya nu nepi ka
bungkeuleukna jadi agama, Buddha tea, asalna sempalan ti Hindu. Nu
ngembangkeunana nya Sidharta Gautama tea, nu cenah anak raja, jsb. Di urang
aya anak raja nu ngumbara ka mana mendi, tapi teu ngadegkeun agama, ngan
nuliskeun lalakona, Bujangga Manik tea. 

 

 

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Abu Kasya
Sent: 16 Juni 2008 0:00
To: [email protected]
Subject: Re: Balasan: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Riwayat Singkat
"nabinya" ahmadiyah

 

Asa teui nyarambung kang alesan teh ???

 

Boro boro nu ngaku umat nabi palsu.... umat nu jelas jelas kafir ge
pabalatak keneh ti baheula mula, nu nyembahan patung aya... ayeuna ge masih
keneh loba..... tapi lain hartina nyembah patung teh bener pan ..... ??? (
nya bener atuh ceuk nu nyembah na mah )
 

Kirim email ke