Tangtos hese, namung tiasa janten "kawajiban" oge, margi dumasar kana hartos 
Islam anu tos sampurna tea kanggo anu yakin, kantun "ngabumikeun" dina sagala 
aspek hirup sareng kahirupan penganutna. Janten teu sawios ari ceuk pamadegan 
kuring mah, mangga teh teuing bade didiskusikeun asal sasuai sareng widangna 
masing2. Tinimang misahkeun agama sareng darigama, malih usaha misahkeun anu 
cenah agama mah cekap di mesjid atanapi di tempat2 ibadah vertikal, 
habblumminalloh hungkul, janten moal saimbang. Kedahna habblumminalloh 
disambungkeun sareng habblumminanas, dina raraga ibadah langsung ka Kholiq oge 
ibadah ka sasama mahlukNA, punten kanu teu sapamadegan. Baktos aki tams.

--- On Sun, 6/15/08, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: Balasan: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Riwayat Singkat "nabinya" 
ahmadiyah
To: [email protected]
Date: Sunday, June 15, 2008, 5:06 PM






Tetep wae hese kang ari nyaioskeun Al Quran sareng hadits mah...kumargi didinya 
oge kapaelak kayakinan urang..tina lairan anaon (aya 3 ratusan aliran 
pamahaman). Mun bade di padungdengkeun sae wae sapertos dina Milis2 
islam..eramuslim..Hidayatulllha...Biasana padungdengna sabuder Kayakinan tea 
tar dicampur sareng hukum positip..masalah sosial di Indonesia....sareng 
diskusi2 bebas kaelmuan..


On 6/13/08, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 





joni wirawan wrote:
>
> duh si akang......apanan iblis oge ihlas kang asup ka neraka.....leres 
> kang
>

ki dulurs,
pami teu lepat, urang kumpul-kumpul kieu teh dasarna silih asah silih 
asih silih asuh. jadi pami tea mah dugi padungdeng, ulah milari nu 
meunang eleh, kulantaran gede atanapi hade omong, tapi estu urang milari 
jalan nu kumaha benerna ceuk ukuran nu ku urang tos ditarima. ukuran nu 
tos bisa ditarima ku balarea contona bae: hukum positif [sanes 
perasaan], sumawona alquran sareng al hadits mah. Sapuk....?
Ngeunaan iblis, syetan sste ihlas asup ka naraka, asana teh tacan 
kacarioskeun? Mung nu buktos bae syetan teh "menta" syarat ka Allah ta 
ala teh, jujur bae, pami menta syarat mah tebih tina ihlas. Mungkin ku 
ayana sifat hiri dengki panasbaran, mun aing kieu batur oge kudu sarua! 
Tah eta pisan sifatining bangsa syetan teh.
Wangsulan kana maksud kuring ti payun, maksud teh ngabandingkeun 
ahmadiyah sareng gerakan-gerakan agama - nu ngaatasnamakeun Allah ta ala 
- alias sarupaning nu paralsu. Hal ieu didasarkeun kana firman Allah Ta 
Ala di Al Haqqah:44~47 ["Saupamana maneh ngaya-ngaya ngaatasnamakeun 
Kami. Pinasti Kami bakal nyekel leungeun katuhu maneh. Terus Kami bakal 
potong urat tali beuheung maneh. sst......."]. Hal ieu ancaman ka sing 
saha bae nu ngabohong, ngaku-ngaku meunang wahyu ti Allah Ta ala, 
padahal henteu, pinasti bakal perlaya dina kahinaan, malahan pangikutna 
oge bakal ilang musna taya tilas. Contona: Musalaimah, dina waktu ieu 
tos teu aya deui para pangikutna.
Tah naha urang teu yakin kana anceman Allah Ta Ala nu kaunggel dina Alquran?
Ieu mangrupi mekanisme cara Allah Ta ala ngariksa kana kamurnian 
Alquran:"Kami nu nurunkeun Alquran, Kami oge nu ngajagana"
Perkawis nu tiasa merangan dugi ka ngelehkeun syetan mah, memang 
kaunggel dina Alquran yen godaan syetan teu bisa dielehkeun iwal ku 
jalma-jalma nu ihlas [punten nomer ayatna, engke nyusul, tacan kapendak 
- aya nu uninga...?]
Rupina kitu manawi, wilujeng wik en.................

salam,
yadi

>
> */YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]>/* wrote:
>
> joni wirawan wrote:
> >
> > "......Tos saratus taun langkung ahmadiyah aya, tos sakitu
> > lamina oge ahmadiyah dihujat, dianiyaya, digugat, dibekot sste
> sanes
> > janten
> > punah, tapi kunaon masih aya bae, malih sawangsulna sigana teh
> mangkin
> > maju bae?
> > Asana teh moal aya kakuatan dunya nu tiasa mempertahankeun hal ieu,
> > iwal......
> > [laa khaula walaa kuwwata illa bilah]"
> >
> > ah akang mah tiasa wae,..... sanajan iblis jeung setan leuwih sepuh
> > tibatan ayana jalma oge, nepi ka kiwari mah teuteup aya, kitu lain?
> > atuda moal aya kakuatan dunya nu tiasa membasmi iblis iwal.........
> >
>
> jalmi nu ihlas...... leres kang
>


 




      

Kirim email ke