kang punteun, sae eta teh ngalereskeun perspektif batur ka ideologi Ahmadiyah.
Tapi Ahmadiyah teh lamun kitu bener, aya degradasi atanapi updating kana isi
subtantif asli ti mimiti aya Mirza Ghulam Ahmad.....meureun bakating ku sieun
atanapi rada gemper. Da ieu mah pan ceuk beja akang tos saratus taun langkung
di buranyei, di genjleng, di borogod, jeung sajabina... ku batur masih tetep
aya di alam dunya.
Tapi ku ayana kitu wajar pami aya perubahan. Atuda Ahmadiyah mah pan tesisna
Mirza Ghulam Ahmad, dina ilmu pengetahuan sejen oge pami aya penelitian
terbarukan, hasil penelitian nu lawas kedah lapur atanapi gentos.
salasahiji contohna point 3:
dupi tadzkirah, eta mah mung saukur catetan harian wungkul - nu eusina
wahyu-wahyu nu turun ka hmga, janten sanes kitab suci. analogina: sapertos
hadits qudsi! hadits qudsi sanes kitab suci, namung mungrupi kumpulan wahyu
suci nu lungsur ka kn muhammad saw nu teu aya dina alquran.
baktos,
joni
YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
H Surtiwa wrote:
Leres............. janten lengkepna meureun " Islam Ahmadiyah" , dimana
dasarna ngangab Nabii pamungkas teh Ghulam Ahmad sanes Kangjeng Nabi MUhammad
saw.
ngalereskeun:
1. ahmadiyah ngaku yen kn muhammad saw salaku khaatamannabiyiin - nabi
pangmulyana, nabi pamungkas nu nyandak syareat.
2. ahmadiyah ngaku hm ghulam ahmad [hmga] salaku penerus dina silsilah syareat
islam nu dicandak ku kn muhammad saw [analogina: status nabi isa a.s. dina
silsilah syareat taurat nu dicandak ku nabi musa a.s.. mung hmga mah teu
nyandak kitab suci sapertos nabi isa nyandak injil. alesanana: ari taurat mah
peryogi dilengkepan ku injil, dupi alquran mah tos sampurna teu kedah
dilengkepan deui!]
3. dupi tadzkirah, eta mah mung saukur catetan harian wungkul - nu eusina
wahyu-wahyu nu turun ka hmga, janten sanes kitab suci. analogina: sapertos
hadits qudsi! hadits qudsi sanes kitab suci, namung mungrupi kumpulan wahyu
suci nu lungsur ka kn muhammad saw nu teu aya dina alquran.
4. ahmadiyah teu nganggap hmga salaku nabi pamungkas. alquran ngainfokeun
rehna sifat allah ta ala "sasauran" - nurunkeun wahyu moal aya kendatna - alias
abadi - moal liren. nu liren mah wahyu nu nyandak syareat [al maidah:3]
salajengna kayakinan ahmadiyah ngeunaan nabi isa a.s.;
1. nabi isa a.s. teu pupus dina salib [an nisa:155~158]
2. nabi isa a.s. tos pupus - teu mungkin ayeuna masih jumeneng keneh [al
maidah: 118] sareng ayat-ayat sanesna dina aq
2. sadaya nabi sateu acan kn muhammad saw parantos pupus [ali imran:144]
sareng ayat-ayat sanesna dina aq
3. nabi isa a.s. parantos pupus dina yuswa 120 taun [hadits rasulullah saw]
sementawis kitu kanggo klarifikasi, masalah iman atanapi kayakinan mah urusan
sanes, namung klarifikasi peryogi didugikeun ulah dugi ka salah pangertosan.
bilih janten fitnah pami teu leres mah.
salam,
yadi
---------------------------------
Yahoo! Toolbar kini dilengkapi dengan Search Assist. Download sekarang juga.