Saur Akang mah pan imam mahdi teh Ghulam ahmad, Lin?? pedah ngaran na aya ahmad
an. Meureun ari kitu mah loba urang soreang oge anu ngaran ahmad bakal ngaku2
imam mahdi...
saur kuring mah wallahu alam kang, urang teu meunang nyanyahoanan hal ghaib,
komo ciri2 bakal datangna imam mahdi can katingali. ...Sanajan loba nu sesat
saperti ahmadiyah, pan masih loba keneh ulama nu berpegang taguh kana alquran
jeung assunah.
Ciri2 bakal datang imam mahdi loba kang, tong ditafsirkeun hiji-hiji, tapi
kudu di tafsirkeun sagemblengna.
Ayeuna beurang keneh nguruskeun imam mahdi.....masih jauh.....! Uruskeun mah
diri urang naha geus lempeng, akur jeung nu geus diajarkeun ku rosul??? "Diajar
tong kanu nyeleneh atuh kang....ka ulama nu lempeng we..."
Kuring bade naros, Naon bedana ghulam ahmad sareng mosadeq??? Sami kang.
sami2 ngaku nabi. bedana ari ghulam urang india mosadeq urang indonesia.
JAdi Ahmadiyah jeung alqiyadah teh konteks na sami, sami2 nu sesat jeung
menyesatkeun....matak resah ....gelisah....basah.....!
Sedengkeun, perkara pernyataan ummat ahmadiyah ayeuna, ukur "permainan kata".
ibarat tiarap ceuk kuring oge....
YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
tah geuning, kang dadi oge percanten yen imam mahdi teh bakal
sumping, kitu sanes?
ieu mah lamun urang nganjang ka pageto, pek "imam mahdi" teh sumping kadunya.
cik naha kinten-kintenna bakal 'serta merta" dirawu ditampi ku balarea?
pan panginten harita ge aya deui kang "dadi kurniadi" sanes - jaman harita anu
masih
nganggap ulama masih keneh hirup? kumaha tah ukuran paeh hirup na ulama teh?
janten persis kasauran alquran, yen iraha bae utusan allah ta ala sumping,
bakal kenging
perlawanan nu sengit ti pihak ulama [sanes cek kuring - dawuhan allah ta ala
dina aq!]
kang dadi, dupi imam mahdi saha?
hatur nuhun.