Pabaliut pernyataanna ..... nabi na sorangan nyebutkeun pernyataan, dina kitab
hiji ngaku yen nabi pamungkas, dina kitab nu sejen teu
ngaku....lieurrrrrrr.......komo deui pengikutna...
Kang, kudu inget yeuh, imam mahdi mah muncul na ge engke di akhir jaman,
dimana rek kiamat, dimana di dunya geus euweuh deui nu beriman. ulama kabeh
geus di "matikan" ku Allah, Islam geus musnah ti dunya, ..
Ayeuna mah kang, karek tanda-tanda na hungkul rek kiamat...masih loba ulama
nu berpegang teguh ka tali Allah...
(ceuk kasar na mah mun sakabeh umat islam didunya geus nganut agama
ahmadiyah..karek kiamat....!)
Abu Kasya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
????
ieu teh pembelaan atawa naon kang ?
On 6/16/08, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote: H
Surtiwa wrote: Leres............. janten lengkepna meureun " Islam
Ahmadiyah" , dimana dasarna ngangab Nabii pamungkas teh Ghulam Ahmad sanes
Kangjeng Nabi MUhammad saw.
ngalereskeun:
1. ahmadiyah ngaku yen kn muhammad saw salaku khaatamannabiyiin - nabi
pangmulyana, nabi pamungkas nu nyandak syareat.
2. ahmadiyah ngaku hm ghulam ahmad [hmga] salaku penerus dina silsilah syareat
islam nu dicandak ku kn muhammad saw [analogina: status nabi isa a.s. dina
silsilah syareat taurat nu dicandak ku nabi musa a.s.. mung hmga mah teu
nyandak kitab suci sapertos nabi isa nyandak injil. alesanana: ari taurat mah
peryogi dilengkepan ku injil, dupi alquran mah tos sampurna teu kedah
dilengkepan deui!]
3. dupi tadzkirah, eta mah mung saukur catetan harian wungkul - nu eusina
wahyu-wahyu nu turun ka hmga, janten sanes kitab suci. analogina: sapertos
hadits qudsi! hadits qudsi sanes kitab suci, namung mungrupi kumpulan wahyu
suci nu lungsur ka kn muhammad saw nu teu aya dina alquran.
4. ahmadiyah teu nganggap hmga salaku nabi pamungkas. alquran ngainfokeun rehna
sifat allah ta ala "sasauran" - nurunkeun wahyu moal aya kendatna - alias abadi
- moal liren. nu liren mah wahyu nu nyandak syareat [al maidah:3]
salajengna kayakinan ahmadiyah ngeunaan nabi isa a.s.;
1. nabi isa a.s. teu pupus dina salib [an nisa:155~158]
2. nabi isa a.s. tos pupus - teu mungkin ayeuna masih jumeneng keneh [al
maidah: 118] sareng ayat-ayat sanesna dina aq
2. sadaya nabi sateu acan kn muhammad saw parantos pupus [ali imran:144] sareng
ayat-ayat sanesna dina aq
3. nabi isa a.s. parantos pupus dina yuswa 120 taun [hadits rasulullah saw]
sementawis kitu kanggo klarifikasi, masalah iman atanapi kayakinan mah urusan
sanes, namung klarifikasi peryogi didugikeun ulah dugi ka salah pangertosan.
bilih janten fitnah pami teu leres mah.
salam,
yadi