ayeuna mah urang silih hormat sasami umat beragama wae, diantawisna umat non ahmadiyah tiasa shalat bareng ngama'mum ahmadiyah, kadua ahmadiyah oge shalat berjamaah sareng non ahmadiyah, imam shalat non ahmadiyah, kersa teu ?, lamun ieu tiasa masalah kahiji beres
To: [EMAIL PROTECTED]: [EMAIL PROTECTED]: Mon, 16 Jun 2008 10:59:11 +0700Subject: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Riwayat Singkat "nabinya" ahmadiyah H Surtiwa wrote: Leres............. janten lengkepna meureun " Islam Ahmadiyah" , dimana dasarna ngangab Nabii pamungkas teh Ghulam Ahmad sanes Kangjeng Nabi MUhammad saw.ngalereskeun:1. ahmadiyah ngaku yen kn muhammad saw salaku khaatamannabiyiin - nabi pangmulyana, nabi pamungkas nu nyandak syareat.2. ahmadiyah ngaku hm ghulam ahmad [hmga] salaku penerus dina silsilah syareat islam nu dicandak ku kn muhammad saw [analogina: status nabi isa a.s. dina silsilah syareat taurat nu dicandak ku nabi musa a.s.. mung hmga mah teu nyandak kitab suci sapertos nabi isa nyandak injil. alesanana: ari taurat mah peryogi dilengkepan ku injil, dupi alquran mah tos sampurna teu kedah dilengkepan deui!]3. dupi tadzkirah, eta mah mung saukur catetan harian wungkul - nu eusina wahyu-wahyu nu turun ka hmga, janten sanes kitab suci. analogina: sapertos hadits qudsi! hadits qudsi sanes kitab suci, namung mungrupi kumpulan wahyu suci nu lungsur ka kn muhammad saw nu teu aya dina alquran.4. ahmadiyah teu nganggap hmga salaku nabi pamungkas. alquran ngainfokeun rehna sifat allah ta ala "sasauran" - nurunkeun wahyu moal aya kendatna - alias abadi - moal liren. nu liren mah wahyu nu nyandak syareat [al maidah:3]salajengna kayakinan ahmadiyah ngeunaan nabi isa a.s.;1. nabi isa a.s. teu pupus dina salib [an nisa:155~158] 2. nabi isa a.s. tos pupus - teu mungkin ayeuna masih jumeneng keneh [al maidah: 118] sareng ayat-ayat sanesna dina aq2. sadaya nabi sateu acan kn muhammad saw parantos pupus [ali imran:144] sareng ayat-ayat sanesna dina aq3. nabi isa a.s. parantos pupus dina yuswa 120 taun [hadits rasulullah saw]sementawis kitu kanggo klarifikasi, masalah iman atanapi kayakinan mah urusan sanes, namung klarifikasi peryogi didugikeun ulah dugi ka salah pangertosan. bilih janten fitnah pami teu leres mah.salam,yadi _________________________________________________________________ Connect to the next generation of MSN Messenger http://imagine-msn.com/messenger/launch80/default.aspx?locale=en-us&source=wlmailtagline

