Ninggali ppt tadi, komen ti kuring mah kieu: 1. Data 500.000 kudu diverifikasi. Teu yakin aya sakitu....klem wungkul. Sok sanajan aya sajuta, samiliar, atawa sakumaha oge, angger bae da Islam mah lain jumlah. 2. Naha cenah da geus aya ti taun 1925. Hehe...setan oge aya memeh urang tetep we teu bener. Umur lain ukuran bebeneran. 3. kunaon bet kudu diislamkeun, sabab bisi ngaganggu ka Islam kuring, atawa anak dulu kuring. atawa mun rek sosoranganan, nya pek bae. 4. Taun 1996, kuring mah datang langsung ka Markas Ahmadiyah di Parung. Tepung jeung sababaraha ulamana. tetap kuring teu asup akal, naha bet bisa eta Mirza Ghulam teh jadi nabi. Mun enya eta nabi, berarti aya sababaraha aya jeung hadis anu kudu dipupus. 5. Saya kenal pisan jeung Mufti atawa Imam Besar Masjid Lahore. Waktu nanya ka anjeuna ngenaan Ahmadiyah, memang di ditu mah, ahmadiyah teh geus teges lain Islam. Jadi rek sajuta, atawa 50 juta oge mangga ari sanes Islam mah.
salam baktos tantan On Mon, Jun 16, 2008 at 3:58 PM, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tatang Sariman wrote: > > Oh lebet Ahmadiah mah aya bai'at? Panginten atuh cara lebetna oge tos > benten sareng lebet Agama Islam. Mungkin aki tams mah Islamna turunan kitu? > Cing kumaha tah hukumna bai'at? asa teu aya di Agama Islam mah? Cing bantos > ah ka balarea anu aruninga, hatur nuhun. > > > > > > baiat hartosna k.l ikrar satia [jangji satia], jangji satia ngaku yen allah > pangeran nu wajib disembah, oge nyakseni yen muhammad teh utusan allah, ieu > mangrupi format baiat dina islam. > dina s al fath: 10 & 18, nabi muhammad saw oge kantos mundut baiat para > pangikutna. > baiat langsung ka allah ta la ku perantaraan utusanana. > > kitu manawi, > yadi > > -- tantan hermansah | SM 1270

