Kang Tantan, ari dipikir ku kuring, ahmadiyah jeung nu ngabela ahmadiyah dina 
pamikiranna jiga jalma pinter tapi kabalinger, hayeuh wae dibolak balik, ngaku 
ngan ukur boga pamikiran beda. Nyieun jangji 12 butir di hareupeun bakor naon 
geuning ? Tetep teu dilaksanakeun. Kulantaran dasarna tukang tipu bin bohong, 
kalahka kumaha oge tetep we bohong. Adu renyom atawa diskusi sapoe sapeuting 
oge moal aya tungtungna. Islam pan geus jelas ngajentrekeun yen mun 
maranehannana ngaku Islam ulah ngaku aya rosul saparantosna Muhammad saw, lamun 
tetep ngaku aya deui rosul mangga teh teuing moal dipaksa ngan ulah ngaku 
Islam. Naha kurang jelas di manana ? Sarua jeung lamun ngaku warga negara 
Indonesia kudu ngaku bandera kabangsaan teh "Merah Putih", ulah ngaku aya 
bandera nu sejen.
 
Baktos
JT

--- On Mon, 6/16/08, tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] fwd: Jika Ahmadiyah Sesat
To: [email protected]
Date: Monday, June 16, 2008, 5:10 PM






Ninggali ppt tadi, komen ti kuring mah kieu:
1. Data 500.000 kudu diverifikasi. Teu yakin aya sakitu....klem wungkul. 
Sok sanajan aya sajuta, samiliar, atawa sakumaha oge, angger bae da Islam mah 
lain jumlah. 
2. Naha cenah da geus aya ti taun 1925. Hehe...setan oge aya memeh urang tetep 
we teu bener. Umur lain ukuran bebeneran.
3. kunaon bet kudu diislamkeun, sabab bisi ngaganggu ka Islam kuring, atawa 
anak dulu kuring. atawa mun rek sosoranganan, nya pek bae. 
4. Taun 1996, kuring mah datang langsung ka Markas Ahmadiyah di Parung. Tepung 
jeung sababaraha ulamana. tetap kuring teu asup akal, naha bet bisa eta Mirza 
Ghulam teh jadi nabi. Mun enya eta nabi, berarti aya sababaraha aya jeung hadis 
anu kudu dipupus. 
5. Saya kenal pisan jeung Mufti atawa Imam Besar Masjid Lahore. Waktu nanya ka 
anjeuna ngenaan Ahmadiyah, memang di ditu mah, ahmadiyah teh geus teges lain 
Islam. Jadi rek sajuta, atawa 50 juta oge mangga ari sanes Islam mah. 

salam baktos
tantan


On Mon, Jun 16, 2008 at 3:58 PM, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:







Tatang Sariman wrote: 






Oh lebet Ahmadiah mah aya bai'at? Panginten atuh cara lebetna oge tos benten 
sareng lebet Agama Islam. Mungkin aki tams mah Islamna turunan kitu? 
Cing kumaha tah hukumna bai'at? asa teu aya di Agama Islam mah? Cing 
bantos ah ka balarea anu aruninga, hatur nuhun.




baiat hartosna k.l ikrar satia [jangji satia], jangji satia ngaku yen allah 
pangeran nu wajib disembah, oge nyakseni yen muhammad teh utusan allah, ieu 
mangrupi format baiat dina islam.
dina s al fath: 10 & 18, nabi muhammad saw oge kantos mundut baiat para 
pangikutna.
baiat langsung ka allah ta la ku perantaraan utusanana.

kitu manawi,
yadi



-- 
tantan hermansah | SM 1270
 




      

Kirim email ke