Macaan deui millist, ana breh teu kahaja ningali tulisan heubeul (kira bulan November 2007) nu ngabahas perkara digitalisasi naskah Sunda Kuno. Ieu mah etang-etang ngabejaan bulu tuur, rehna di Perpusnas (Kapungkur Musieum Pusat) aya opat naskah Sunda kuno nu rengse didigitalkeun, antarana:
1. Wawacan Pranatana Istri ka caroge - Kode SD. 7; 2. Hadis Iblis - Kode SD. 11; 3. Sajarah Jawa Barat - Kode BR. 32; jeung 4. Gandasari - Kode BR. 142 Insya Allah ayeuna ge nuju dikeureuyeuh ngadigitalkeun naskah-naskah sejenna nu rea keneh boh dina Rak (Kode SD. bahanna kertas), boh dina Peti (bahanna Lontar, Awi, Nipah, jeung sawareh kertas). Sajaba ti Digital teh, saestuna naskah-naskah teh rea nu geus dimikrofilmkeun (Tiasa diilikan tina buku Katalog Induk Naskah-Naskah Nusantara beunang Behrend,spk wedalan Obor, 1998). Nu ditataan di luhur, eta mah asup kana hanca garapan Perpusnas. Tapi ana seug aya individu atawa organisasi (Kusnet upamana) hayang ngadigitalkeun Naskah, tiasa wae, kantun sumping bae ka Perpusnas (toong http://www.pnri.go.id). Kitu manawi. Mugi mangpaat. Baktosna, -Adit-

