Haturan ki adi Adit,

Sateuacanna, ngawilujengkeun, ki adi ayeuna geus panceg damel di
Perpusnas. Paingan salila ieu asa langka ngulampreng ka milist, horeng
nuju sosonoan sareng naskah-naskah nasional, utamana naskah-naskah
Sunda.

Saterasna, tah geuningan tos nyampak garapeun pikahareupeun teh. Kari
dipetakeun, laju babagi tugas sakamampuhna-sakamampuhna. The Dream
team siga harita nalika ngagarap PS sigana geus meujeuhna nguniang
deui, ki adi panceg pisan lamun jadi kapten lapangan, patali Mh,
playmaker nu tiheula sigan keur pakepuk pisan.

Samemeh pamit, aya patarosan: ari naskah Sunda kuno versi Perpusnas
aya sabaraha hiji jumlahna? Laju tina jumlah sakitu, kumaha wae
statusna (sabaraha anu tos ditranskripsi, transliterasi, jst)? Diantos
waleranana pami henteu nuju repot.

manAR

On Thu, Jun 26, 2008 at 8:58 AM, A Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Macaan deui millist, ana breh teu kahaja ningali tulisan heubeul (kira bulan
> November 2007) nu ngabahas perkara digitalisasi naskah Sunda Kuno. Ieu mah
> etang-etang ngabejaan bulu tuur, rehna di Perpusnas (Kapungkur  Musieum
> Pusat) aya opat naskah Sunda kuno nu rengse didigitalkeun, antarana:
>
> 1. Wawacan Pranatana Istri ka caroge - Kode SD. 7;
> 2. Hadis Iblis - Kode SD. 11;
> 3. Sajarah Jawa Barat - Kode BR. 32; jeung
> 4. Gandasari - Kode BR. 142
>
> Insya Allah ayeuna ge nuju dikeureuyeuh ngadigitalkeun naskah-naskah sejenna
> nu rea keneh boh dina Rak (Kode SD. bahanna kertas), boh dina Peti (bahanna
> Lontar, Awi, Nipah, jeung sawareh kertas). Sajaba ti Digital teh, saestuna
> naskah-naskah teh rea nu geus dimikrofilmkeun (Tiasa diilikan tina buku
> Katalog Induk Naskah-Naskah Nusantara beunang Behrend,spk wedalan Obor,
> 1998). Nu ditataan di luhur, eta mah asup kana hanca garapan Perpusnas. Tapi
> ana seug aya individu atawa organisasi (Kusnet upamana) hayang
> ngadigitalkeun Naskah, tiasa wae, kantun sumping bae ka Perpusnas (toong
> http://www.pnri.go.id). Kitu manawi. Mugi mangpaat.
>
> Baktosna,
> -Adit-
>
> 

Kirim email ke