Hatur nuhun mang Oman,, Pangapunten ieu teh bet les bae... Perkara Jumlah naskah Sunda di Perpusnas bisa ditingali dina Katalog Eddy S. Ekadjati (1988),,dina beda na oge paling sed saeutik kurang leuwih aya 500 naskah Sunda. Ditilik tina aksarana mah aya opat, ngawengku aksara Sunda Kuna, Cacarakan, Pegon, jeung Buda (Gunung). gurat badagna mah bisa dibagi dua, Kahiji, naskah dina peti, anu ngawengku: 1. bahan Lontar jeung Nipah: kurang leuwih aya 40 naskah 2. bahan kertas (koleksi pribadi Pleyte, Brandes, jeung Holle) Nu Kadua, naskah dina Rak, nyaeta koleksi nu dikodean SD. kurang leuwih aya 200na Tah, nu paling penting mah, tetela, naskah teh teu sagemblengna alus kondisina, aya nu lapuk, ruksak, atawa aya nu teu lengkep (teu tamat). Nu rada hesena oge, nepi ka kiwari, can kapaluruh kabeh, saha-saha wae jeung naskah mana wae nu geus digarap. Aya eta referensi "Direktori Naskah Nusantara" yasana Pa Eddy, sarua teu kumplitna, nu matak dipaluruh sacara manual bae. Nu jadi pucuk ti girangna mah dumeh nu ngayakeun panalungtikan (biasana mah lembaga proyek!) ngagunakeun naskah koleksi perpusnas tara mikeun hasil panalungtikanana, atawa sahenteuna mikeun laporanana ka pihak perpusnas. Nu matak, sugan aya nu ngagaduhan hasil transliterasi atawa edisi teks panalungtikan kana naskah Sunda Kuno mangga wartosan kuring. Ke, dina waktu deukeut Insya Allah data naskah nu geus atawa acan digarap nu aya di kuring cuang alungkeun ka Millist . Tapi, sagedengeun eta, potensi naskah Sunda Kuna teh gede keneh, rea keneh nu can kagarap,, malah can katoel-toel acan. Kitu sugan...mang.

