--- On Fri, 7/4/08, Panzi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Panzi <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [Urang Sunda] Di ajar Basa Sunda To: [email protected] Cc: [EMAIL PROTECTED] Date: Friday, July 4, 2008, 1:34 PM Manggih buku tulis urut di jalan, ditingali teh buku pelajaran basa sunda SMP kelas 2, sigana mah murag tina roda runtah meureun, ahhh... dicokot we da lebar...!!! hehehe... tah ieu salah sahiji eusina..!! mugia aya mangpaatna. KAAYAAN/SIFAT JELEMA 1. Bahenol = Bohono = Donto = Demplon 2. Bedegul = Gede Sirah 3. Bosongot = Beungeut Wanian 4. Bonar = Beuteungna Gede 5. Cameuh = Carehamna rada ngelok 6. Cadok = Gadona kahareup 7. Camihpil = Pipina Montok 8. Bayuhyuh = Lintuh Pisan 9. Cureuleuk = Panonna buleud 10. Balabah = Sok barang bere = Berehan 11. Basangkal = Teu nurut ka kolot 12. Basilat = Licik 13. Berewit = Geringan 14. Binangkit = Rea ka bisa 15. Bodo Alewoh = Bodo tapi daek tatanya 16. Bodo Katotoloyoh = Bodo teu daek tatanya Boloho= 17. Calakan = Babari ngarti 18. Cileureum = Balangah cileupeung= 19. Cilimit = Resep ngaheureuyan awewe 20. Cirigih = Resep ngaheureuyan batur 21. Cucungah = Calutak = caluntang = teu sopan, teu boga tata krama 22. Culangung = Teu hormat ka saluhureun cunihin= 23. Curaling = ceceremed, sok pulang paling 24. Carecaman = kabitaan 25. Capetang = lancar ngomongna 26. Culika = resep nyusahkeun batur 27. Darandeh = someah 28. Daria = seurius 29. Degig = Sombong 30. Dedegler = gampang neunggeul 31. Delitan = pundungan 32. Sonagar = wanter 33. Telenges = sadis 34. rapekan = daekan 35. Geten = telaten 36. Heman = Nyaah 37. Jatnika = mulia/senang 38. Rucah = resep ngalajur nafsu 39. Rancingeus = tanginas/jalinger 40. Jeceh = agul/reueus 41. Jete = Gumeulis Pami aya nu lepat... dipanglereskeun. .!! Panzi E-mail : [EMAIL PROTECTED] co.id Enggineering Section PT Inti Pindad Mitra Sejati Bandung - Jawa Barat

