2. Bedegul = Gede Sirah = Sirahna Gundul
27. Darandeh = someah = Darehdeh
32. Sonagar = wanter = akuan (hampir sarua jeung someah)
30. Dedegler = gampang neunggeul = tegaan



--- On Fri, 7/4/08, Panzi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> From: Panzi <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: [Urang Sunda] Di ajar Basa Sunda
> To: [email protected]
> Cc: [EMAIL PROTECTED]
> Date: Friday, July 4, 2008, 1:34 PM
> Manggih buku tulis urut di jalan,
> ditingali teh buku pelajaran basa sunda SMP kelas 2,
> sigana mah murag tina roda runtah meureun,
> ahhh... dicokot we da lebar...!!! hehehe...
> 
> tah ieu salah sahiji eusina..!!
> mugia aya mangpaatna.
> 
> KAAYAAN/SIFAT JELEMA
> 
> 1. Bahenol = Bohono = Donto = Demplon
> 2. Bedegul = Gede Sirah
> 3. Bosongot = Beungeut Wanian
> 4. Bonar = Beuteungna Gede
> 5. Cameuh = Carehamna rada ngelok
> 6. Cadok = Gadona kahareup
> 7. Camihpil = Pipina Montok
> 8. Bayuhyuh = Lintuh Pisan
> 9. Cureuleuk = Panonna buleud
> 10. Balabah = Sok barang bere = Berehan
> 11. Basangkal = Teu nurut ka kolot
> 12. Basilat = Licik
> 13. Berewit = Geringan
> 14. Binangkit = Rea ka bisa
> 15. Bodo Alewoh = Bodo tapi daek tatanya
> 16. Bodo Katotoloyoh = Bodo teu daek tatanya
> 17. Calakan = Babari ngarti
> 18. Cileureum = Balangah
> 19. Cilimit = Resep ngaheureuyan awewe
> 20. Cirigih = Resep ngaheureuyan batur
> 21. Cucungah = Calutak = caluntang = teu sopan, teu boga
> tata krama
> 22. Culangung = Teu hormat ka saluhureun
> 23. Curaling = ceceremed, sok pulang paling
> 24. Carecaman = kabitaan
> 25. Capetang = lancar ngomongna
> 26. Culika = resep nyusahkeun batur
> 27. Darandeh = someah
> 28. Daria = seurius
> 29. Degig = Sombong
> 30. Dedegler = gampang neunggeul
> 31. Delitan = pundungan
> 32. Sonagar = wanter
> 33. Telenges = sadis
> 34. rapekan = daekan
> 35. Geten = telaten
> 36. Heman = Nyaah
> 37. Jatnika = mulia/senang
> 38. Rucah = resep ngalajur nafsu
> 39. Rancingeus = tanginas/jalinger
> 40. Jeceh = agul/reueus
> 41. Jete = Gumeulis
> 
> Pami aya nu lepat... dipanglereskeun..!!
> 
> 
> Panzi
> E-mail : [EMAIL PROTECTED]
> Enggineering Section
> PT Inti Pindad Mitra Sejati
> Bandung - Jawa Barat
> 
> ------------------------------------
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 

      

Kirim email ke