upama nitenan buku pangajaran basa deungeun, sanes deungeun sangu, hehehe, contona basa inggris, enya asana arang manggih pangajaran nitah ngapalkeun kosakata, dimana nu diapalkeun ukur kosakata hungkul. biasana kosakata anyar, sok diselapkeun dina eusi carita.
salam, mh On Fri, Jul 4, 2008 at 4:21 PM, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Basa teh alat komunikasi. "perbendahraan kata" (naon basa sundana?) oge > penting. Ngan mana nu leuwih penting, komunikasina atawa ngapalkeun kecap > kecap nu araraneh nu jarang pisan dipake. Ceuk pamadegan sim kuring > pelajaran basa sunda kiwari di kota nu murid muridna sapopoe make basa > Indonesia, ngapalkeun kata kata nu araraneh teu pati penting, aya nu leuwih > penting nyaeta praktek komunikasi. > > Conto dihandap ieu bisa dipraktekeun kabeh make basa sunda > > Dialog duaan duaan di hareupeun murid jeung guru > > Tanya jawab murid guru > > Riungan leuwih ti duaan. > > Sandiwara atawa drama atawa teater > > > > Mun ngapalkeun kata kata wungkul bari jeung teu dipraktekeun, teu diucapkeun > ku biwir, naon hartina "basa"? > > > > Salam, > > kang Trias > > > > > > --- On Fri, 7/4/08, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > From: MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> > Subject: Re: [Urang Sunda] Di ajar Basa Sunda > To: [email protected] > Date: Friday, July 4, 2008, 12:48 AM > > > > --- On Fri, 7/4/08, Panzi <[EMAIL PROTECTED] co.id> wrote: > > From: Panzi <[EMAIL PROTECTED] co.id> > Subject: [Urang Sunda] Di ajar Basa Sunda > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com > Cc: [EMAIL PROTECTED] ps.com > Date: Friday, July 4, 2008, 1:34 PM > > Manggih buku tulis urut di jalan, > ditingali teh buku pelajaran basa sunda SMP kelas 2, > sigana mah murag tina roda runtah meureun, > ahhh... dicokot we da lebar...!!! hehehe... > > tah ieu salah sahiji eusina..!! > mugia aya mangpaatna. > > KAAYAAN/SIFAT JELEMA > > 1. Bahenol = Bohono = Donto = Demplon > 2. Bedegul = Gede Sirah > 3. Bosongot = Beungeut Wanian > 4. Bonar = Beuteungna Gede > 5. Cameuh = Carehamna rada ngelok > 6. Cadok = Gadona kahareup > 7. Camihpil = Pipina Montok > 8. Bayuhyuh = Lintuh Pisan > 9. Cureuleuk = Panonna buleud > 10. Balabah = Sok barang bere = Berehan > 11. Basangkal = Teu nurut ka kolot > 12. Basilat = Licik > 13. Berewit = Geringan > 14. Binangkit = Rea ka bisa > 15. Bodo Alewoh = Bodo tapi daek tatanya > 16. Bodo Katotoloyoh = Bodo teu daek tatanya > > Boloho= > 17. Calakan = Babari ngarti > 18. Cileureum = Balangah > > cileupeung= > 19. Cilimit = Resep ngaheureuyan awewe > 20. Cirigih = Resep ngaheureuyan batur > 21. Cucungah = Calutak = caluntang = teu sopan, teu boga tata krama > 22. Culangung = Teu hormat ka saluhureun > > cunihin= > 23. Curaling = ceceremed, sok pulang paling > 24. Carecaman = kabitaan > 25. Capetang = lancar ngomongna > 26. Culika = resep nyusahkeun batur > 27. Darandeh = someah > 28. Daria = seurius > 29. Degig = Sombong > 30. Dedegler = gampang neunggeul > 31. Delitan = pundungan > 32. Sonagar = wanter > 33. Telenges = sadis > 34. rapekan = daekan > 35. Geten = telaten > 36. Heman = Nyaah > 37. Jatnika = mulia/senang > 38. Rucah = resep ngalajur nafsu > 39. Rancingeus = tanginas/jalinger > 40. Jeceh = agul/reueus > 41. Jete = Gumeulis > > Pami aya nu lepat... dipanglereskeun. .!! > > Panzi > E-mail : [EMAIL PROTECTED] co.id > Enggineering Section > PT Inti Pindad Mitra Sejati > Bandung - Jawa Barat > > >

