Jadi emut dongeng kang Yaya waktos diskusi di SIMPAY sasih kamari.
Kang Yaya ngadamel carpon di majalah Mangle, kenging pangleler, salah sahiji 
carpon pilihan.
Naon eusina carpon eta teh?
Nyaeta perkara anu aya pakaitna sareng koneng gede/temulawak. Tapi basa sareng 
uraianana anu gampil ditarima ku pipikiran barudak.
Hiji strategi anu jitu, tapi sok dipopohokeun ku urang.

Jigana tos wancina, nyusun strategi komunikasi anu jitu, pikeun 
nyosialisasikeun basa Sunda keur generasi anu ngarora.


baktos,

mrachmatrawyani



--- On Fri, 7/4/08, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: trias santosa <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Di ajar Basa Sunda
To: [email protected]
Date: Friday, July 4, 2008, 3:21 PM










    
            Basa teh alat komunikasi. "perbendahraan kata" (naon basa sundana?) 
oge penting. Ngan mana nu leuwih penting, komunikasina atawa ngapalkeun kecap 
kecap nu araraneh nu jarang pisan dipake. Ceuk pamadegan sim kuring pelajaran 
basa sunda kiwari di kota nu murid muridna sapopoe make basa Indonesia, 
ngapalkeun kata kata nu araraneh teu pati penting, aya nu leuwih penting nyaeta 
praktek komunikasi.
Conto dihandap ieu bisa dipraktekeun kabeh make basa sunda
Dialog duaan duaan di hareupeun murid jeung guru
Tanya jawab murid guru
Riungan leuwih ti duaan.
Sandiwara atawa drama atawa teater
 
Mun ngapalkeun kata kata wungkul bari jeung teu dipraktekeun, teu diucapkeun ku 
biwir, naon hartina "basa"?
 
Salam,
kang Trias 
 
  

--- On Fri, 7/4/08, MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ yahoo.com> wrote:

From: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ yahoo.com>
Subject: Re: [Urang Sunda] Di ajar Basa Sunda
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Date: Friday, July 4, 2008, 12:48 AM










--- On Fri, 7/4/08, Panzi <[EMAIL PROTECTED] co.id> wrote:

From: Panzi <[EMAIL PROTECTED] co.id>
Subject: [Urang Sunda] Di ajar Basa Sunda
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Cc: [EMAIL PROTECTED] ps.com
Date: Friday, July 4, 2008, 1:34 PM




Manggih buku tulis urut di jalan,
ditingali teh buku pelajaran basa sunda SMP kelas 2,
sigana mah murag tina roda runtah meureun,
ahhh... dicokot we da lebar...!!! hehehe...

tah ieu salah sahiji eusina..!!
mugia aya mangpaatna.

KAAYAAN/SIFAT JELEMA

1. Bahenol = Bohono = Donto = Demplon
2. Bedegul = Gede Sirah
3. Bosongot = Beungeut Wanian
4. Bonar = Beuteungna Gede
5. Cameuh = Carehamna rada ngelok
6. Cadok = Gadona kahareup
7. Camihpil = Pipina Montok
8. Bayuhyuh = Lintuh Pisan
9. Cureuleuk = Panonna buleud
10. Balabah = Sok barang bere = Berehan
11. Basangkal = Teu nurut ka kolot
12. Basilat = Licik
13. Berewit = Geringan
14. Binangkit = Rea ka bisa
15. Bodo Alewoh = Bodo tapi daek tatanya
16. Bodo Katotoloyoh = Bodo teu daek tatanya
Boloho=
17. Calakan = Babari ngarti
18. Cileureum = Balangah
cileupeung=
19. Cilimit = Resep ngaheureuyan awewe
20. Cirigih = Resep ngaheureuyan batur
21. Cucungah = Calutak = caluntang = teu sopan, teu boga tata krama
22. Culangung = Teu hormat ka saluhureun
cunihin=
23. Curaling = ceceremed, sok pulang paling
24. Carecaman = kabitaan
25. Capetang = lancar ngomongna
26. Culika = resep nyusahkeun batur
27. Darandeh = someah
28. Daria = seurius
29. Degig = Sombong
30. Dedegler = gampang neunggeul
31. Delitan = pundungan
32. Sonagar = wanter
33. Telenges = sadis
34. rapekan = daekan
35. Geten = telaten
36. Heman = Nyaah
37. Jatnika = mulia/senang
38. Rucah = resep ngalajur nafsu
39. Rancingeus = tanginas/jalinger
40. Jeceh = agul/reueus
41. Jete = Gumeulis

Pami aya nu lepat... dipanglereskeun. .!!

Panzi
E-mail : [EMAIL PROTECTED] co.id
Enggineering Section
PT Inti Pindad Mitra Sejati
Bandung - Jawa Barat




      
      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke