Saminggu katukang, indung barudak nampa surat ti Rudy Sulistio minangka Manager
Promosi Carrefour.
Suratna siga nu asli, malah aya kupon undian asli anu dieusian ku kuring harita
(sataun katukang meureun).
Naha teu di ancurkeun kupon undian anu lenkep jeung alamatna ku pihak
crerrefour ?
Cenah, kuring meunang Honda Jazz VTEC. Pajak 25% ditanggung pemenang
(39.500.000).
Pikeun proses pangiriman kudu ngahubungi Carrefour Lebak Bulus ka Bapa Rony
Sulistio minangka Manager Promosi. Telepon 021 32420851, HP 08161146214.
Samemeh nelepon ka si cucungik Rony Sulistio, kuring nempo heula web Carrefour.
Geuning beda nomer telepon carrefour Lebak Bulus jeung nu di tulis dina surat.
"Selamat siang Carrefour, ada yang bisa saya bantu ?" ceuk si cucungik nu ngaku
Rudy Sulistio.
"Apakah ini benar Carrefour Lebak Bulus ?" ceuk kuring.
"Benar pak, ini Carrefour Lebak Bulus !" tembal si Rudy Sulistio.
" Kok, nomer teleponnya beda ?" ceuk kuring.
"Beda dengan yang mana pak ?" tembal si ontohod
"Saya lagi buka internet dan melihat Web-nya Carrefour, kok nomernya beda
dengan nomer yang ada di surat" ceuk kuring.
"Kalau bapak tidak percaya, datang aja ke Carrefour Lebak Bulus no. 8-9 !" ceuk
si Rudy Sulistio, bari nutupkeun telepon.
Carrefour Lebak Bulus: Tlp 021 75911968, HOTLINE 0811997355. Ti tanggal 25 Juni
nepi ka ayeuna ditelepon euweuh nu ngangkat.
Naon atuh hartina HOTLINE ? teu bisa diangkat alatan panas kitu ? Kitu deui
e-mail, lebeng we teu di bales......!
Emod,
___________________________________________________________________________
Yahoo! Toolbar kini dilengkapi dengan Search Assist. Download sekarang juga.
http://id.toolbar.yahoo.com/