di kantor sakira taun 2005/2006. dongeng model kieu kaalaman pisan ku babaturan. indungna oge nampa surat nu ngabejaan meunang hadiah. asli make hulu (kop) surat carrefour, ditungtungan ku tandatangan hulu-nu dipepeg ku cap carrefour. apal teh pedah we eta surat dibawa ku babaturan ka kantor.
On Fri, Jul 4, 2008 at 4:20 PM, Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Saminggu katukang, indung barudak nampa surat ti Rudy Sulistio minangka > Manager Promosi Carrefour. > > Suratna siga nu asli, malah aya kupon undian asli anu dieusian ku kuring > harita (sataun katukang meureun). > Naha teu di ancurkeun kupon undian anu lenkep jeung alamatna ku pihak > crerrefour ? > > Cenah, kuring meunang Honda Jazz VTEC. Pajak 25% ditanggung pemenang > (39.500.000). > Pikeun proses pangiriman kudu ngahubungi Carrefour Lebak Bulus ka Bapa Rony > Sulistio minangka Manager Promosi. Telepon 021 32420851, HP 08161146214. > > Samemeh nelepon ka si cucungik Rony Sulistio, kuring nempo heula web > Carrefour. Geuning beda nomer telepon carrefour Lebak Bulus jeung nu di > tulis dina surat. > > "Selamat siang Carrefour, ada yang bisa saya bantu ?" ceuk si cucungik nu > ngaku Rudy Sulistio. > "Apakah ini benar Carrefour Lebak Bulus ?" ceuk kuring. > "Benar pak, ini Carrefour Lebak Bulus !" tembal si Rudy Sulistio. > " Kok, nomer teleponnya beda ?" ceuk kuring. > "Beda dengan yang mana pak ?" tembal si ontohod > "Saya lagi buka internet dan melihat Web-nya Carrefour, kok nomernya beda > dengan nomer yang ada di surat" ceuk kuring. > "Kalau bapak tidak percaya, datang aja ke Carrefour Lebak Bulus no. 8-9 !" > ceuk si Rudy Sulistio, bari nutupkeun telepon. > > Carrefour Lebak Bulus: Tlp 021 75911968, HOTLINE 0811997355. Ti tanggal 25 > Juni nepi ka ayeuna ditelepon euweuh nu ngangkat. > Naon atuh hartina HOTLINE ? teu bisa diangkat alatan panas kitu ? Kitu deui > e-mail, lebeng we teu di bales......! > > Emod, > -- d-: dudi herlianto :-b ~karék cénah~

