Euleuh geuning kang... Naha teu di cobian wae heula atuh.. datang langsung.. boa-boa beneran.. :D ( ngantosan.. traktirana..)..
________________________________ From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Emod Morales Sent: Friday, July 04, 2008 4:20 PM To: Urang Sunda Subject: [Urang Sunda] Meunang Undian Honda Jazz ti Carrefour Saminggu katukang, indung barudak nampa surat ti Rudy Sulistio minangka Manager Promosi Carrefour. Suratna siga nu asli, malah aya kupon undian asli anu dieusian ku kuring harita (sataun katukang meureun). Naha teu di ancurkeun kupon undian anu lenkep jeung alamatna ku pihak crerrefour ? Cenah, kuring meunang Honda Jazz VTEC. Pajak 25% ditanggung pemenang (39.500.000). Pikeun proses pangiriman kudu ngahubungi Carrefour Lebak Bulus ka Bapa Rony Sulistio minangka Manager Promosi. Telepon 021 32420851, HP 08161146214. Samemeh nelepon ka si cucungik Rony Sulistio, kuring nempo heula web Carrefour. Geuning beda nomer telepon carrefour Lebak Bulus jeung nu di tulis dina surat. "Selamat siang Carrefour, ada yang bisa saya bantu ?" ceuk si cucungik nu ngaku Rudy Sulistio. "Apakah ini benar Carrefour Lebak Bulus ?" ceuk kuring. "Benar pak, ini Carrefour Lebak Bulus !" tembal si Rudy Sulistio. " Kok, nomer teleponnya beda ?" ceuk kuring. "Beda dengan yang mana pak ?" tembal si ontohod "Saya lagi buka internet dan melihat Web-nya Carrefour, kok nomernya beda dengan nomer yang ada di surat" ceuk kuring. "Kalau bapak tidak percaya, datang aja ke Carrefour Lebak Bulus no. 8-9 !" ceuk si Rudy Sulistio, bari nutupkeun telepon. Carrefour Lebak Bulus: Tlp 021 75911968, HOTLINE 0811997355. Ti tanggal 25 Juni nepi ka ayeuna ditelepon euweuh nu ngangkat. Naon atuh hartina HOTLINE ? teu bisa diangkat alatan panas kitu ? Kitu deui e-mail, lebeng we teu di bales......! Emod, __________________________________________________________ Yahoo! Toolbar kini dilengkapi dengan Search Assist. Download sekarang juga. http://id.toolbar.yahoo.com/ <http://id.toolbar.yahoo.com/>

