Ah....panipu Kang......!
Ari ngaran Cucungik Rudy Sulistio, logatna urang sabrang.


--- In [email protected], "dede solehudin" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> kang susuganan atuh bener eta teh....
> cobian we datangan tah si ontohod teh....
> 
> hidup kang emod
> 
> 2008/7/4 Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]>:
> 
> >   Saminggu katukang, indung barudak nampa surat ti Rudy Sulistio
minangka
> > Manager Promosi Carrefour.
> >
> > Suratna siga nu asli, malah aya kupon undian asli anu dieusian ku
kuring
> > harita (sataun katukang meureun).
> > Naha teu di ancurkeun kupon undian anu lenkep jeung alamatna ku pihak
> > crerrefour ?
> >
> > Cenah, kuring meunang Honda Jazz VTEC. Pajak 25% ditanggung pemenang
> > (39.500.000).
> > Pikeun proses pangiriman kudu ngahubungi Carrefour Lebak Bulus ka
Bapa Rony
> > Sulistio minangka Manager Promosi. Telepon 021 32420851, HP
08161146214.
> >
> > Samemeh nelepon ka si cucungik Rony Sulistio, kuring nempo heula web
> > Carrefour. Geuning beda nomer telepon carrefour Lebak Bulus jeung
nu di
> > tulis dina surat.
> >
> > "Selamat siang Carrefour, ada yang bisa saya bantu ?" ceuk si
cucungik nu
> > ngaku Rudy Sulistio.
> > "Apakah ini benar Carrefour Lebak Bulus ?" ceuk kuring.
> > "Benar pak, ini Carrefour Lebak Bulus !" tembal si Rudy Sulistio.
> > " Kok, nomer teleponnya beda ?" ceuk kuring.
> > "Beda dengan yang mana pak ?" tembal si ontohod
> > "Saya lagi buka internet dan melihat Web-nya Carrefour, kok
nomernya beda
> > dengan nomer yang ada di surat" ceuk kuring.
> > "Kalau bapak tidak percaya, datang aja ke Carrefour Lebak Bulus
no. 8-9 !"
> > ceuk si Rudy Sulistio, bari nutupkeun telepon.
> >
> > Carrefour Lebak Bulus: Tlp 021 75911968, HOTLINE 0811997355. Ti
tanggal 25
> > Juni nepi ka ayeuna ditelepon euweuh nu ngangkat.
> > Naon atuh hartina HOTLINE ? teu bisa diangkat alatan panas kitu ?
Kitu deui
> > e-mail, lebeng we teu di bales......!
> >
> > Emod,
> >
> > __________________________________________________________
> > Yahoo! Toolbar kini dilengkapi dengan Search Assist. Download sekarang
> > juga.
> > http://id.toolbar.yahoo.com/
> > 
> >
>


Kirim email ke