anu aneh mah kang bohay..... pun lanceuk ujug-ujug aya tawisan plus fotokopi
ktmna aya di 20 nami dina surat dukungan tea..... kumaha tah tiasa kitu nya....
padahal pun lanceuk mah teu terang nanaon.... ditaros oge ku rt .... duka cenah
bet tiasa kitu..... nu janten patarosan teh... naha timana eta fotokopi ktp bet
aya sareng naha bet wantun2 malsu tandatawis...... kituw cenah.....
"Reka \"Bohay\"" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Teu kitu kang, kaleresan
kamari kantos ninggal format surat dukungan independen ti KPUD, janten dina
salambar serat teh muat langkung ti 20 nami (hilap deui pastina sabaraha), tah
tiap lembar nembe ngangge materai. kituw kang...
-Bohay-
2008/7/22 mj <[EMAIL PROTECTED]>:
Malem minggu kamari panggih jeung kang Juniarso Ridwan, panyajak nu oge
kepala dinas tatakota bandung, acarana mah kabudayaan
Di GSPI, galeri seni Popo Iskandar (mertuana) di ledeng the payuneun of UPI.
Aya acara baca puisi, musik, silat, jsb.
Malah aya Oneng Rieke Diah Pitaloka sagala, maca dua tilu sajakna.
Ngobrol soal calon walkot da kabeneran aya Ayi Vivananda (pdip), calon wakil
walkot pasangan Dada Rosada (golkar).
Pasangan ti partey aya dua, PAN-PKS (Dr Taufikurrachman, dosen biologi itb
jeung abu syauqie), Golkar-PDIP (Dada Rosada jeung Ayi Vivananda), jeung ti
independen 1. (poho deui, Hadi asana singkatanana)
Pikeun calon walikota bandung non-partai, pan aya aturan kudu meunang
dukungan ti 50 rebu urang.
Teu cukup ku tandatangan, tapi jeung pernyataan dukungan nu make materai @
rp. 6.000
Jadi mun 50.000 urang x 6.000 = Rp. 30.000.000
Meureun teu kitu wungkul. Kudu ari nasi bungkus mah.
Ayeuna aya partey nu masang baliho, narima pendaptaran ti umum pikeun calon
legislatif alias dprd jeung dpr.
Meureun carana kudu setor heula. Teu bisa ukur ngacung.
Jadi teu aneh pangna aya babasan bahasa amrik, be a rich then a politician
Ongkos politik teh muahaall
Syukur mun ancrub ka pulitik teh dumasar kana idealisme hayang ngamajukeun
nagreg atawa teu nanaonlah
Ngan ukur pikeun aktualisasi diri cek Abraham Maslowna, da geus beunghar,
naon deui, kari sohorna mun can sohor.
Mun ti jalur artis, sohor enggeus, duit ge meureun merekis, nya sarua kitu.
--
Tapi da si kuring mah moal nyoblos, da urang kabupaten bandung barat J